Teh Mpup pami teu lepat jarah ka kuburan mah kedah diniatan supados urang dielingkeun yen urang oge hiji waktu mah lastari oge, janten teu diwates istri pameget mah. Ari ngaduakeun ka nu maot mah aya 2 pamahaman:
1. Nu nyebut teu aya guna alias sia-sia sabab tiap jalma tanggung jawab ka amal dirina sorangan.
2. Nu nyebut doana pasti dugi mun keur ka kolotna sorangan, sabab nu masih nyambung urusan dunya jeung nu di alam kubur teh 3 perkara: ilmu nu diamalkeun, amal jariah, & du'ana budak nu sholeh.
Tah ari tempat ngaduakeun mah tangtos tiasa dimana bae, ngan ari dikuburan mah panginten 2 in 1, pangemut-ngemut diri yen urang ge bakal "mulang" sakaligus ngaduakeun ka nu jadi kolot.
 
Perkara "roh" tos aya tutunggulna dina Qur'an yen roh mah urusan Allah SWT jadi teu kudu dibahas, jeung deuih manusa mah ngan dibere pamahaman ngeunaan roh ngan saeutik pisan.
 
Baraya sanes tiasa ngabantosan naon hadits sareng surah Qur'an na?
 
salam
jalakpakuan
 
 
 
 

Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngeunaan jiarah kubur, aya anu ngengingkeun istri jarah, aya oge anu
teu kenging istri ngiring jarah... sareng aya anu kenging nganggo
sendal/sapatu (alas kaki), aya oge anu ngaharamkeun ka makam nganggo
alas kaki... Maksad abdi sanes jarah ka makam karamat/ anu
dikaramatkeun, ieu mah jarah biasa wae, nadran ka karuhun urang
atanapi nini/aki, indung/bapa urang nu geus parupus...
Jeung deui aya nu percaya yen ngadu'akeun di payuneun kuburanna teh
sae pisan, aya oge nu henteu.. ceuk nu henteu, cnah urusan nu maot
mah geus we nepi ka maotna, teu kudu didu'akeun, mun rek ngadu'akeun
cukup di bumi bae, teu kudu di caket kuburanana.... aya oge nu sok
kabiasaanna mangmacakeun/hadiah surat Yasiin hususon kanggo anu tos
parupus, aya oge nu teu percaya yen anu dibacakeun ku urang pikeun
ngadu'akeun nu maot teh dugi ka aranjeunna....

Aya anu percaya yen roh unggal malem jumaah nguriling ka imahna, ka
dulur-dulurna, naha mangdu'akeun henteu keur aranjeunna.. cenah mah
mun anu henteu aya du'a, roh teh balik bari ceurik... aya oge nu teu
percaya ngeunaan hal ieu da roh mah geus aya di alam barzah, teu
bisa ngalongok atawa ngaharepkeun du'a ti nu harirup keneh...
Ceuk anu percaya, cenah bisa ngirangan dosa/siksa ka anu maot
upamina urang ngadu'akeun...

Nyuhunkeun pituduhna ngeunaan hal ieu.....

~ipup~




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Discover Yahoo!
Get on-the-go sports scores, stock quotes, news & more. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke