|
NGINTIP
Hiji mangsa Sule keur nogel we
ngintip Kardun jeung Saritem bobogohan, keur anteng ngintip taktakna ditoel ku
hansip Sumardi, atuh jantung Kardun asa nek coplok. Untung hansip Sumardi
buru-buru ngomong. " Ssst....tong reuwas dewek ge nek ngintip euy
!"
Nu diintip mah jongjon we uplek
ngobrol.
" Kang teu karaos nya, tos tilu bulan
urang hahadean teh !" ceuk Saritem bari ngalende kana taktak
Kardun.
" Enya akang ge ngarasa reueus, jeung
teu nyangka geuning neng Saritem teh tipe wanoja satia!" Kardun mimiti
ngaluarkeun jurus rayuna. Dipuji kitu irung Saritem ngadadak rebeh.
" Puguh samemehna abdi ge
rada cangcaya ka akang teh, da ceuk panalungtikan, jalma nu bayuhyuh lintuh
umumna satia sedengkeun jalma nu langkonyang begang sok toloheor, geus boga
hiji sok ludak lodok keneh kanu sejen, buktina geuning akang
satia, padahal awak akang langkonyang begang !"
" Hmmm...paingan atuh ari aya nu
budayut teh sok ngadadak dulak dilak, horeng kitu nya !"
" Ah....si akang mah sok timburuan!"
Panonna ngadilak, ramo leungeunna teu karasa luar leor kamana mendi,
antukna bras kana pesak calana Kardun.
" Akang ari ieu naon, buleud dina
saku calana akang ?"
" Huz...make kudak kodok ka lebah
dinya sagala. Pamali. Nu buleud eta mah meteran, tah ari nu buleud
hiji deui, meureun nyi Sari ge apal !"
" Nya kanggo naon, make nyandak
meteran sagala ?"
" Ih..pan ceuk Ustad Sanusi ge mun
bobogohan ulah padeukeut teuing, jarakna paling deukeut ge sameter, jadi meh
pas, samemeh bobogohan kudu dimeteran heula"
" Oh kitu...naha geuning, ayeuna
calikna teu sirikna antel ka abdi ?"
" Keun wae atuh pan ustad Sanusi na
ge keur euweuh ayeuna mah !"
Nu ngintip beuki pogot
wae, kawas lalajo layar tanceub, beuki peuting teh beuki
pogot lantaran mun wanci geus nyedek ka peuting sok muter pilem pilem
anu hot, kitu deui Kardun-Saritem harita mimiti nayangkeun adegan
syur.
" Ih siakang mah, ari ludak
lodok teh sok make gaya iklan sagala !" Saritem kadenge deui ngomong semu
ngaharewos
" Nya kumaha kitu ?" tembal Kardun
bari kutup ketap, siga nu deudeuieun.
" Heueuh pan ayeuna keur usum iklan
nu diulang-ulang nepi katilu kalina, akang ge geuning nurutan, ngan ari akang
mah diulang aya kana sapuluh kalina !"
" Hehe...ssssttt.. tong tarik teuing
bisi aya nu ngintip !"
" Moal aya kang, dina aya na ge
paling cakcak bodas !"
" Lain nyi... bejana lamun nyai
ngaliwat ka gardu hansip, sok dioconan ku hansip Sumardi nya ?"
" Ih puguh enya kang, malihan ceuk
hansip Sumardi tong bobogohan jeung si Kardun ceunah!"
" Sikehed, can ngasaan peureup aing
kitu, teu nyaho kitu akang teh jeger, naon alesanna make ngomong kitu
?"
" Mun bobogohan jeung kang Kardun
saurna sok ngabalukarkeun, kangker, serangan jantung, impotensi, gangguan
kehamilan jeung janin, tah kitu kang !"
" Sikehed, silebokeun tetelo, mun aya
didideu ku akang dihajar, tuman !"
" Hampura Dun euy,
hampuraaaa.....daek meduuuu..lain ceuk dewek...!"hansip Sumardi ngagorowok bari
ngajleng ti panyumputanana. (SR)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] KEOM sakedap ---> Kang Syam syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] KEOM sakedap ---> Kang Syam joko tingkir
- Re: [Urang Sunda] KEOM sakedap ---> Kang Syam joko tingkir
- Re: [Urang Sunda] KEOM sakedap ---> Kang Syam syam ridwan

