Assalamu'alaikum Wr. Wb.,
Sampurasun dulur, Punten abdi bade nepangkeun sareng ngiringan ngarewong di ieu milis. Pribados teh dipasihan jenengan ku pun Rama nya eta Yayat Supriatna (supados katingali urang sunda, cenah mah), ari kawitmah asli ti Sumedang (ngan punten wae dina ieu silaturahmi pribados teu nyandak tahu). Kapungkur dina tahun 1991 ngawitan angkat ka puser dayeuh Bandung kanggo ngalap elmu, kaleresan simkuring ditampi di ITB. Dupi ayeuna nuju ngajajal kasakten di BP Indonesia bagian Subsurface (baca: sabserpeis).
Mudah-mudahan tina ieu milis simkuring tiasa nambah baraya sareng nambah pangaweruh khususna ngeunaan ki Sundan.
Wassalam,
Yayat Supriatna
Nu Reueus Jadi URSUN (Urang Sunda)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

