Title: Message
Bade mairan sakdek ach,,,
Ai babaturan akang buukna rada panjang,,buuk anu mana kang
sing jelas atuh ai nyarios teh,..
 
pan ceuk bhs RI mah aya kata umum sareng kata khusus, sanes kitu kang
hatur nuhun,
 
Rafly
-----Original Message-----
From: kumincir [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, June 01, 2005 10:23 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Bewaraaaaaa---Insya Allah

Ngeunaan kecap "insya Alloh", kuring bet jadi inget mangsa keur SMA...

Harita teh, kabeneran babaturan buukna rada panjang, nya diseukseukan
ku pun guru matematik.
"Isuk maneh dicukur, nya?!", ceuk bu guru teh.
"Insya Alloh, Bu", ceuk babaturan teh.
"Ih, teu kudu ngucap insya Alloh, da Pangeran mah tangtu nyatujuan mun
urang rek milampah hade", ceuk bu guru.
Teu papanjangan, babaturan teh nya ngamuhunkeun bae. Tapi, ari bu guru
geus ngaleos mah, der ngalobrol deui, nya salasahijina ngeunaan kecap
"insya Alloh". Enya, najan urang yakin rek nedunan hiji jangji, tapi
katangtuan Pangeran mah saha nu nyaho? Dina kasus dicukur tadi, si
babaturan teh geus jangji, misalna, engke sore, balik ti sakola,
manehna rek langsung dicukur. Najan jarak waktuna teu jauh, pira
sababaraha jam, jeung meh bae "bisa dipastikeun" kalaksana, tetep bae
can tangtu kalaksana, da saha nu nyaho ngadadak aya halangan nu
ngabalukarkeun urang teu bisa nedunan eta jangji. Misalna, pas si
babaturan balik ka Cilawu naek angkot, angkotna tabrakan nepi ka
manehna diopname lima poe. Tah, ku kajadian eta, si babaturan teh teu
bisa nedunan jangjina ka bu guru. Di dinya fungsi "insya Alloh" teh,
atawa mun ceuk basa Sunda tea mah, "manawi pareng/diparengkeun (ku
Pangeran)".

jk
anu tabrakanana mah ukur conto, da teu kungsi kajadian...

On 6/1/05, Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Nuhun kang Dur kana "koreksina" ...
>  
> sim kuring make kecap "SIGANA", dumasar kana nu pangalaman pribadi ieu mah,
> pan ceuk cenah "SIGA" mah jauh keneh ka enya, meureun ieu oge kitu.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke