MJ,
 
Kumaha nya, naha kantor Gubernur Jabar (anu di Gedong Sate tea) kudu dipindahkeun bae kitu ka Itenas? Eta bae, pamarentah anu boga anggaran jauh mela-melu gedena jeung anggaran Itenas kuat ku teu boga kahayang nyieun ngaran widang-widang pamarentahan jeung rohangan-rohangan pagawena make istilah-istilah jeung aksara Sunda. Lain sakuduna mah kantor gubernur anu naratas peta sarupa kitu teh pikeun picontoeun wirid pananda budaya?
 
Teuing atuh, na naon anu aya dina emutan pangagung urang ngeunaan perluna mulasara pananda kabudayaan urang. Kalahka bae kalimah "kudu merhatikeun jeung mulasara budaya daerah" aya katuliskeun dina visi-misi Jabar, ari kabuktianana anu sederhana sarupa ngawiridkeun larapan pasitilahan jeung akasara Sunda bae heunteu dicontoan.
 
Apan lain payus pisan upama gedong sate salaku kantor gubernur teh, heug dilengkepan ku ngaran-ngaran rohangan jeung widang pamarentahan make istilah jeung aksara Sunda? Oge eta gedong dipasieup ku warna jeung ornamen kasundaan? Tuluy di pakarangan eta gedong aya pepelakan anu nyunda (endemis Sunda atawa habitatna anu umum aya di Sunda atawa anu geus kamashur kacaturkeun dina naskah kuno, legenda atawa mitologi Sunda)?
 
Lain pantes pisan upama di pakarangan gedong sate teh aya rungkun HANJUANG jeung HANDEULEUM sapasang? Tuluy aya pepelakan sejenna saperti: TARUM, AWI EUL-EUL, AWI ATER, KEMANG, sarta pepelakan sejenna anu bener-bener neba jeung ngaleuyah sarta geus kacida mere manfaatna ka masarakat Sunda? teu kudu sakebon, cukup sababaraha tangkal bae minangka pengeling-ngeling. Dina tembok gedong sate aya gambar timbul, ngagambarkeun gunung-gunung jeung walungan di Pasundan, utamana mah walungan Citarum anu sakitu gede jasana tur geus ngalegenda. Duh...iraha teuing atuh nya anu sarupa kitu kasaksian?
 
baktos,
manAR
 
 
 
 
 
 
 
baktos,
manAR

 
On 6/1/05, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

wisudaan kamari mah resep na teh aya kang Oman gigireun, ngangge jas
lengkep dasi. oge aya abah Surya nu biantara Orasi Budaya ngeunaan Legenda
Dayang Sumbi ditoong ti hermeneutik. si kuring diuk panghareupna,
ngarendeng sareng abah Surya oge kang Oman, kang Oman teh pesenan abah
Surya, salaku pupuhu LSM Raksa Bumi. jadi vip, yeuh, kakara dina acara
wisudaan kudu diuk dihareup, biasana mah di luar, ngeceng nu
herang-herang. uleman nu sejen, inohong bandung teu sarumping, walikota,
setda jabar, ketua dprd.

eta inohong diulem teh pedah we bade aya orasi budaya abah Surya perkara
Dayang Sumbi, minangka mitologi kota Bandung.

hanjakal teu kabagi buku orasi budaya si Abah Surya. mun aya mah diketik
ulang dicemplungkeun ka milis. ku urang kokoreh sugan manggih

orasi abah Surya (HR Hidayat Suryalaga) oge sakantenan dina raraga napelna
Aksara Sunda di unggal tembok gedong nu aya di Itenas. enya, Aksara Sunda
ti situs Astana Gede Kawali tea, aksara nu oge aya di prasasti Batutulis
Bogor.
Itenas minangka paguron luhur di Jabar nu munggaran make aksara Sunda eta.
dina plang ngaran gedong, pangluhurna, ngaran gedong basa sunda aksara
latin, di tengah aksara Sunda, di handap ngaran jurusan/lab.

gambarna...ke urang korehan...
teu aya eung, aya di komputer humas sigana mah...


mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Ever feel sad or cry for no reason at all?
Depression. Narrated by Kate Hudson.
http://us.click.yahoo.com/LLQ_sC/esnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke