Gubernurna kudu kang Oman, Kang Kandar wagub, abdi mah kadisbudpar, dinas budaya parapatan, atawa dispenda, sugan we loba duit. hehe.
aya conto HADE. Gubernur Bank Indonesia, gan Burhanuddin Abdullah, nyieun duit Rp. 20.000 make gambar si Jalak Harupat, alias gan Oto Iskandardinata. nuhun ka kang Bowie. kang Bowie nu ngagambarna sanes? hehe. asa can kungsi manggih duit RIT make gambar pahlawan ti Tatar Sunda. keur mah saeutik (aslina disaeutikeun kunu nulis sajarah revolusi RIT). hanjakal duit gambar gan Oto can kungsi boga, ngan kungis teh nenjo nu batur. sigana can nyebar pisan. cik kang Bowie, bagi-bagi artos gambar gan Oto ka baraya KUSnet salambar ewang...hehe ceuk panoong si kuring (kungsi asup ka Gedong Sate sakali, milu babaturan nu lanceukna damel dibagean protokoler), sigana gubernur (minangka pupuhu pangluhurna di jabar) kasieunan yen peta kitu teh bisi dicuriga ku Jakarta. nyaeta atuh, US mah embung perkara nu baris dianggap nyieun konflik atawa mamala keur nagara. padahal mah teu kudu kitu. Baheula pisan, duka ku saha he love deui, rumah dinas gubernur, gigireun pisan hotel Planet nu keur aya masalah, dingaranan Gedong Pakuan. ari kantorna mah, nya gedong sate we. hehe. da tempat nyate APBD. lain suudon, ngan pedah we ceuk cenah, jabar teh korupsina panggedena. hehe. Nya dina raraga membangun nation RIT tea meureun, budaya lokal jadi aya tapi euweuh, euweuh tapi aya, teu beda ti jurig tea. ceuk cenah, basa panganteur di Gedong Sate teh basa Sunda, enya kitu? On 6/1/05, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > MJ, > > Kumaha nya, naha kantor Gubernur Jabar (anu di Gedong Sate tea) kudu > dipindahkeun bae kitu ka Itenas? Eta bae, pamarentah anu boga anggaran jauh > mela-melu gedena jeung anggaran Itenas kuat ku teu boga kahayang nyieun > ngaran widang-widang pamarentahan jeung rohangan-rohangan pagawena make > istilah-istilah jeung aksara Sunda. Lain sakuduna mah kantor gubernur anu > naratas peta sarupa kitu teh pikeun picontoeun wirid pananda budaya? ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Has someone you know been affected by illness or disease? Network for Good is THE place to support health awareness efforts! http://us.click.yahoo.com/OCfFmA/UOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

