Upami ningali Caka Sunda kenging Pa Ali Sastramijaya, aya nu disebat paro caang (suklapaksa) sareng paro poek (kresnapaksa), anu masing-masing lamina kirang langkung 15 dinten, janten nu disebat kaping 1 teh aya dua nyaeta kaping 1 paro caang sareng kaping 1 paro poek. Nu disebat paro caang nyaeta dietang tingawitan bulan sapasi dugi ka purnama, sabalikna ti eta disebat paro poek. Dibandingkeun Caka Sunda antawis garapan kenging Kang Rudy sareng Pa Ali mah benten pisan kumargi nu kenging Kang Rudy aya kaping 16 na, sedengkeun nu kenging Pa Ali mah teu aya kumargi angkana saparantos kaping 15 paro caang uih deui ka kaping 1, mung disebatna paro poek.
MSasmita ----- Original Message ----- From: "Rudy Setiawan" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]>; <[email protected]> Sent: Wednesday, June 01, 2005 6:52 AM Subject: [Urang Sunda] Caka Sunda - 1941 > ************************ > Haturan kumna bae baraya babakan! > > Dumasar ieu mah si kuring dari pada rungsing teu bisa > nyingsring!..... kutrat-kotret boga kahayang nerapkeun > Kalender urang, Caka Sunda nu di sagigirkeun jeung > Kalender Hijri jeung Masehi. > > Ku kituna, kahatur sugri baraya nu mibanda Kalender > Caka Sunda nu aslina, panginten jembar manah pikeun > ngalereskeun nu kirang leres, merenahkeun nu kirang > merenah ieu Caka Sunda ropeaan si kuring, estuning > pikeun kabeungharan elmu pangaweruh kasundaan urang. > > Sakitu nu kapihatur, hapunten nu kasuhun, bahe carek > neda tawakufna bae.... > > Pihaturna, > > > -pun adi- > *************************** ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Does he tell you he loves you when he's hitting you? Abuse. Narrated by Halle Berry. http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

