********************************************
Bagea Uwa!
Kumaha damang nun?

Hatur nuhun kana perhatosanana. Leres pisan naon nu disaur ku 'wa sas teh, ieu sakantenan ku sim kuring dikintunkeun deui "revisi" na.
Salajengna bilih aya nu masih teu acan merenah, mugia teu kirang ngahapunten neda piwurukna bae.

pun,

-adi-
*'wa sas! sakantenan tumaros, dupi PS nu dikintunkeun si kuring teh parantos katampi? (Saurna mah tas katampi da, ku Mang Je teh?)
************************

On 6/1/05, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Upami ningali Caka Sunda kenging Pa Ali Sastramijaya, aya nu disebat paro
caang (suklapaksa) sareng paro poek (kresnapaksa), anu masing-masing lamina
kirang langkung 15 dinten, janten nu disebat kaping 1 teh aya dua nyaeta
kaping 1 paro caang sareng kaping 1 paro poek.
Nu disebat paro caang nyaeta dietang tingawitan bulan sapasi dugi ka
purnama, sabalikna ti eta disebat paro poek.
Dibandingkeun Caka Sunda antawis garapan kenging Kang Rudy sareng Pa Ali mah
benten pisan kumargi nu kenging Kang Rudy aya kaping 16 na, sedengkeun nu
kenging Pa Ali mah teu aya kumargi angkana saparantos kaping 15 paro caang
uih deui ka kaping 1, mung disebatna paro poek.

MSasmita

----------- x diteukteuk nurutan kuncen! (heheheheh..)


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke