Bubuhan anakna indung jeung bapa awewe kabeh, kuring sok dititah nyieun pencok ku si ema. Kieu geura bumbuna teh (mun teu salah:
  1. Cengek kumaha selera/ salira we
  2. cikur
  3. bawang bodas
  4. uyah jeung gula
  5. supaya langkul pol tambihan ku surawung ..
Tapi rarasaan mah si ema teh tara nitah make tarasi da*... tah kitu kabiasaan mencok di kulawarga si kuring mah.....
 
daharna jeung sangu anyar ngakeul tambah lauk asin "tanyan" nu burintik tea jeung kurupuk golong, pol we da.....
 
Maaaaaa uing rek ka Sumedang isukan pang nyadiakeun pencok!!!!
 
 
*geus aya kana 8 taunna teu dititah si ema nyieun pencok, rada poho
 
On 6/2/05, Suharja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

"pencok" teh kata benda tina pademelan "mencok"
teu pati apal sih, abdi mah, ka bumbu2na..
ngan nu khasna mah eta ... aya tarasian..
bahan utamina kacang panjang atah, diteukteukan parondok.

teh nia... khusus kanggo teteh mah, cengek na ngan hiji we nya :p

suharja


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke