|
Tos dua kali ngobrol sareng Kang Siddik,
katingalna mah Kang Siddik cios bade cuti-na, antawis kaping 18-19 Juni 2005
bade ka Bandung, atuh kaleresan pisan sami sareng rencana Kang Ganjar bade ka
Bandung.
Ku alpukahna Kang Siddik nya waktos anjeuna di
Bandung urang ngayakeun riuangan, keur mah ongkoh Kusnet Bandung tos lami teu
aya riungan.
Tempatna kanggo saheulaanan mah urang ngocal ngocal
ka Karawitan (Cupumanik), pedah we Kang HW kantos nawisan tempat,
atuh nu sanesna di Rajamantri (di MJ) siap nampi kitu deui di Margawangi di
sim kuring.
Kang Siddik nyebat tempat Man Jabal, resto gaya
Ciamis di Buah Batu Bandung, mung saur MJ mah teu lega, sareng moal tiasa
laluasa ngawangkong........!.
Keun tempat mah kapayun diwartoskeun deui dimana
pastina, ayeuna mah ieu bewara munggaran bilih aya nu gaduh usul boh tempat
atanapi nu sanesna, mangga diantos.
MSasmita
----- Original Message -----
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] ka lembur......sakalian bewara ngawangkong ... MSasmita

