Kang Duli,
Kaleresan eta naskah Lutung Kasarung teh kawitna tina majalah heubeul basa Sunda pamaparin ti Abah Surya. Upama imeut ngalenyepanana, utama dina bagean akhir eta naskah (pedaran tanya - jawab sabudeureun eta naskah, duka upama teu dimuat mah dina Koropak) aya katerangan ngeunaan makna eta kalimah anu ditaroskeun.
Pedaran ti Ua Siddik leres ina hartos sacerewelna. Namung, salah sahiji jerona tina eta kalimah, anu kapanggih ku kami, diantarana nya netelakeun laranganna wanoja.
Baktos,
manAR
On 6/2/05, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Resep macaan seratan nu aya dina koropak (nembe ayeuna munggaran muka), tapi abdi kirang ngartos kana catetan nu di handap ieu (tina Babaran Lutung Kasarung)....bade naros, Nu disebut "ieu sadayana parabot nu aya di istri" teh aya dina "Gunung Cupu Mandala Ayu" atawa dina "SINA NYIRURUK DI SAUNG, DINA PALUPUH SABEBEK, DINA HATEUP SAJAJALON, DINA CAI TEU INUMEUN, DINA JALAN TEU SORANGEUN, DINA AREUY TEU TILASEUN, SAKITU KASARAMUNAN" ?. Teras "parabot" naon wae nu sebutkeun teh?hatur NuhunBaktosDudi59. Purba-Rarang (kerung nunjuk ka Purba-Sari ) : "Tah mihape Purba-Sari! Ku paman candak ka leuweung, teundeun dina suku gunung katelahna Gunung Cupu, Mandala Ayu nu werit, mandala kasawiatan, titipan ti awit nitis.""SINA NYIRURUK DI SAUNG, DINA PALUPUH SABEBEK, DINA HATEUP SAJAJALON, DINA CAI TEU INUMEUN, DINA JALAN TEU SORANGEUN, DINA AREUY TEU TILASEUN, SAKITU KASARAMUNAN".( Catetan: Ieu sadayana "parabot" nu aya di istri. Jadi upami aya nu masihan wasta ka bumina "Gunung Cupu Mandala Ayu" eta tetala yen eta jalmi teu terangeun di hartosna, komo lebet-lebetna ieu dongeng)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

