Numutkeun Pa Ali Sastramijaya waktos anjeuna orasi dina acara ngababarkeun kala Sunda dina kaping 18 Januari 2005, sareng maca dina Kala Sunda sasih margasira, kitu deui dina artikel anu judulna Kala Sunda dina buku Sundalana 2, disebatkeun yen karuhun Sunda tos apal kana matematik buktosna dina Prasasti Kawali 3 dina eta prasasti aya biras (matrik) nu sok dianggo dina kolenjer atanapi palintangan.
Prasasti Kawali 3 (abad ka 12) dipidamel ku Prabu Wastukancana waktos yuswa 12 taun, diasuh ku Prabu Bunisora.
Upami leres eta gambar matrik dina prasasti Kawali 3 teh ngebrehkeun matrik anu aya patalina sareng etangan boh kanggo kolenjer atanapi palintangan sanesna, hartosna elmu itungan-itungan (matematik) tangtos ayana samemeh eta prasasti dipidamel, samemeh abad ka 12.
 
MSasmita  
----- Original Message -----
From: agus surya
Sent: Thursday, June 02, 2005 6:30 PM
Subject: [Urang Sunda] patarosan


assalamu alaikum wr. wb,

sim kuring subaryo, aslimah ti majalengka. yuswa nembe 32, linggih di bandung. abdi sadidintenmah kana komputer. ari ayeuna nuju kuliah di matematika pasca upi bandung. 

aya patarosan nu kusimkuring teu acan keneh kawaler.

Ti iraha urang sunda terang kana nyerat sareng itung-itungan (matematika) ? manawi baraya terang datana.

sakitu heula, haturnuhun

walikum salam wr. wb

abdi pun

subaryo


Discover Yahoo!
Get on-the-go sports scores, stock quotes, news & more. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke