Beu...ambeu sangu beureum + beuleum lauk......emmmhhhhh....
Asa katantang ku ngecrik ....  !!, tos lami yeuh tara newak lauk maksa...(ngecrik...),
da tos biasa ngala lauk anu rido bari nipu ka lauk.... mancing...!!
asa-asa masih keneh aya tah elmu bulika teh (palika...heuheueheu....)
Nya upami teu tiasa dibalongna kang Suryadi mah bade ngalintar dibalong anu pangbadagna wae dilaut Pameungpeuk......heuheuheu....
Waasssss.....
 
ssw

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nu janten sahebul bet Kang Suryadi ([EMAIL PROTECTED]).
Resep puguh ge, ngawitan mah nguseup heula, bari balaong teh dibedahkeun, kumargi miceyn caina rada lami. janten teu sabar, atuh antukna mah lauk teh dikecrik, rarasaan teh bisa ngecrik teh, pedah nuju budak kantos guyang dibalong bari ngecrik, tapi geuning hese, kecrik sanes meber buleud tapi ngariut lir ngalungkeun karung, atuh puguh we pada nyeungseurikeun, dikursus heula sababaraha kali....hih tetep we belet.
Kang Suryadi mah malum turunan palika, ngecrikna sae pisan.
Mulang ti Situraja persisna mah ti Babakan Asem teh tabuh dua, bari wareg ku beuleum lauk dicobek ku bumbu jahe ari sanguna sangu beureum, puguh we mindo sababaraha kali.
Hatur nuhun kang Suryadi....!
Duka tah upami kaping 19 Juni mah....kumaha nu kagungan balongna we...!!
 
MSasmita   


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke