Rugel atuh kitu mah, margina sanaos korsi dipasihkeun karerencangan, eta si lalaki moal ngaralat ...............janten rugi dua kali, rugi disebat "kolot", rugi teu kenging korsi......
heuheuheu.....
mendingan cali heula pan lumayan......kadar catiosan si lalaki eta, acuh beybeuhhhh aja....
paling-paling oge lalaki rabunnnnn.....
heuheuheu...
ssw
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Walah euy, najan geus kungsi maca ge, bet seuseurian deui wae...
Pieunteungeun urang, yen memang bener, ulah nempo jalma tina 'pakeanana'. Model nu kaalaman ku uing....
Keur na KRL ka-Bogorkeun, jaman didugdag Bogor-Jakarta, uing bareng jeung babaturan nangtung jero kareta (da teu kabagean diuk). Lebah Depok, lalaki nu diuk hareupeun babaturan uing siap2 cengkat. Nempo kitu, nya babaturan uing ge siap2 mengambil alih tahta. Barang nempo babaturan uing siap2 kitu, di lalaki nu rek cengkat teh ngomong bari diuk deui.
"Ke heula, nu kolot heula!", ceuk si lalaki teh bari luak lieuk. Ana lieuk, bet ka uing nu teu jauh hareupeunana. Ujug2 teh....
"Pak, duduk...," ceuk si lalaki ka uing. Njir, bencana besar euy... lir kabentar gelap tengah poe ereng2an. Kalawan 'muka dingin', uing langsung ngomong ka babaturan uing. "Dod, diuk!" Barang si lalaki geus nyingkah, si babaturan ngabarakatak!
Uing ge masih keneh boga harga diri, dibere diuk bari kudu daek disebut kolot mah keheulaanan. Leres teu, Pih?!!
iaa
kenangan pahit

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.