Hatur nuhun atuh teh Iva anu tos pendak teu penasaran deui, da
tadinamah abdi oge penasaran ka teh Iva, pas tos pendak jadi aya grogi sedikit,
tapi abdi mah masih PD teh.
Teh Iva Imut plus geuliz masih ABG deui,,...
Waktunya aja kurang bersahabat, masih hoyong ngobrol tos
sore,..
hatur nuhun Teh Iva, mangga lajengkeun...cag ach
permioz
Rafly
-----Original Message-----
From: iva wanti [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, June 06, 2005 12:10 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Bewaraaaaaaaaa : Laporan KopdarBade ngiring nambihan.Sateuacanna hatur nuhun ka panitia, Kang Rakhmat, Teh Imas, Kang Ikmal sareng Kang Nanang anu tos ngayakeun acara Kopdar kamari di UI tea. Abdi sareng baraya ti Bandung nyungkeun dihapunten ka baraya anu sumping parantos kersa ngantosan kumargi urang tiluan ( Teh Mpup, Kang Rois sareng abdi nyarira) dongkapna siang teuing. Sanes teu disiapkeun sateuacanna. Sabab nya kitu keuna ku macet, padahal ari ngantosan mah ti tabuh 4 keneh, beus-na angkat tabuh satengah tujuh. Dina beus teh ngobrol sareng teh mpup. Upami engke diditu tos pada araruih, daripada ke culang cileung mendingan urang teuraskeun ka Dufan. Ceuk teh mpup teh enya cenah.....he he he.Tapi alhamdulillah baraya masih keneh pada ngantosan. Mung henteu tepang teh sareng Kang Ikmal jeung Teh Ani-na. Saurna cenah aya kaperyogian. Salami di jalan ku panitia diteleponan nuju dimana. Ari saur abdi teh bari heureuy, pokokna antosan anu sanesna ulah waka aruih komo ka kang rafly mah caram tong sina uih tipayun. Kang rafly, ayeuna mah henteu panasaran lah....he he heSaleresna mah kamari teh masih keneh sono. Tapi nya kumargi ari baraya ti bandung mah dongkapna kabulusan janten teu tiasa lami. Sanaos kitu tetep ngaraos bingahna tiasa pependak sareng baraya. Ka Teh Imas nuhun comrona karaosan keneh.Kanggo Kang Kumi sareng Teh Mpup, hatur nuhun tos kersa ngajakan jalan2 heula ngulilingan kota jakarta nyaeta ka Mesjid Istiqlal sareng ngulilingan Monas. Parantos wareug kukurilingan nya dijajapkeun urang duaan (Kang Rois sareng abdi) ka Gambir. Pas pesen tiket saurna kareta sakedap deui bade jalan. Atuh abdi sareng kang rois satengah lulumpatan da sieun katinggaleun. Dugi kana karetana, angger we urang teh masih keneh lulumpatan melarian korsi. Ari dina sms ceuk Teh Mpup teh, dina kareta mah teu kedah lulumpatan deui da moal katinggaleun. Dina jero hate teh....aeh enya....bari seuseurian. Naroskeun ka kang rois, ari saur anjeunna teh enya da abdi ge teu sadar. Pantesan panumpang sejen teh pada naringalikeun. Salami dina kareta ngobrol ngaler ngidul sareng kang rois, teu karaos dugi we di stasion. Nya atos kitu naek angkot dugika bumi aya kana tabuh 9. Meni capek tapi resep. Ka kang rois hatur nuhun tos ngiring. Upami abdi uih nyarira sigana di jalan bakal culang cileung bari ngantosan anu naros....he he he. Leres baraya eta kang rois ngaku gagah teh henteu ngabobodo.Cekap sakitu bae ngadongengna. Hatur nuhun ka sadaya baraya. Mudah2an sanes waktos deui urang tiasa patepang lawuh dina dunia nyatana.Salam,Neng Iva
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..
Baraya Kusnet sadaya,
Acara Kopdar anu diayakeun dina dinten minggu, ping 5 juni 2005 di
gigireun Danau Salam -
Kampus UI Depok, alhamdulillah parantos kalaksana kalayan teu aya
rintangan naon-naon.
Anu sumping dina ieu acara diantawisna : -----------------------------
- Kang Rachmat - Teh Imas sareng carogena
- Kang Tirta sareng palaputra - Teh Nia
- Kang Akos - Teh Ani
- Kang Ikmal - Teh Titi
- Kang Kamal
- Kang Irfan Ti Bandung :
- Kang Suharja - Teh Pupi
- Kang Agus azzo sareng istrina - Teh Iva wanti
- Kang Didi ustad (teu nganggo z) Leboy - Kang Roisz
- Kang Kumincir (Kuncen bungsu)
- Kang Ndoell, abdi tea..
- sareng Bintang tamu : Kang Miih
Kagiatan : -----------------------------------------------------------
Nu sumping enjing-enjing jararoging bari nongton nu jogging
Di-guide-an ku Kang Rachmat diajak mapay-mapay leuweung kota,
kukurusukan kana ruyuk, nyaba kanu bala, mipir-mipir kana gawir,
ningali pamandangan endah, ngurilingan danau salam nepi ka
hah-heh-hoh.... lumayan rada ngesang...
Ngawangkong dina iuhna tangkal salam bari ngetewil suuk, comro sareng
katimus sanajan bari digembrong ku sireum, asa nikmat balakecrakan
jeung seuseurian. Teu aya hal husus anu didiskusikeun, namung seueur
hal-hal anu tiasa janten bahan pikeun dipadungdengkeun dina milis
atanapi kanggo bahan anu kedah dipidamel dina waktu kapayun.
(Pedaranana manawi tiasa didugikeun ku Kang Tirta)
Rengse Solat Lohor, acara dipungkas ku tuang siang di Kantin Asrama
Mahasiswa di Wisma Makara. Mirah, meriah, wareg.
Tabuh 2 langkung, sadayana pamitan, marulih deui.
----------------------------------------------------------------------
Hatur nuhun kanggo Kang Rachmat anu sakitu direrepot parantos
nyayogikeun sagala rupina.
Hatur nuhun ka baraya anu parantos ngersakeun sumping, jauh-jauh
dijugjug, anggang-anggang diteang. nu ti Jakarta, ti Tangerang, ti
Bekasi, ti Bandung....
Nuhun dihapunten bilih aya kakirangan dina sagala panampina, pamugi
sadayana tiasa ngama'lum.
Hatur nuhun oge anu parantos nelpon sareng ngintun SMS, merhatoskeun
ieu acara sareng ngawartosan teu tiasa sumping : Teh Neni Batam, Teh
Ami, Teh Euis, Teh Tia, Kang Toni, Mang Oman, oge nu sanesna.
Kanu teu tiasa sumping, manawi dina acara-acara sarupaning Kopdar anu
bade dongkap tiasa nungkulan.
Manawi sakitu pedarana kagiatan Kopdar teh, kanggo salengkepna nu
sanesna tiasa nambihan. Hatur nuhun kana sagala perhatosanana.
Wassalam,
-Ndoell-
en be :
Poto-poto bakal dipostingkeun sarengsena di edit, sabar we, nya...!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

