Punten mayunan mairan hehe ...

Pamendak abdi mah nu kieu mah sanes korupsi tapi 'abusement of 
power' ngangge modus 'penindasan' sareng kalakuan teu etis (jual 
beuli nilai?).

Sae upami Akang ngalawan ieu (kokomoan ieu mah PT swasta sanes?) 
tapi numutkeun abdi mah dibadamikeun sareng rerencangan nu saideu 
sareng Akang. Kahijina keur ngahijikeun kakuatan tur supados Akang 
henteu ngalawan sosoranganan (nyebar risiko hehe). Kaduana keur 
nyiar strategi ngalawan nu pangsaena (komo urang hukum, tina 10 
sirah tiasa kaluar 12 fatwa hukum hehehe *banyol*).

Pan saur mama ManAR oge kasaean bisa jadi eleh ku kajahatan nu 
terorganisir, komo ieu sabalikna ...

ULMKN
baktos
y

--- In [email protected], bigguy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya,
> Sim kuring kuliah di salah sawios PT di Bandung, di Fakultas Hukum 
program ekstensi. Nembe lebet 2004 kamari, ngeureuyeuh we, da 
bonganna kuliah nu ti heula teu bener. Resep oge bisa kuliah deui 
teh, lianna ti meunang elmu, bisa ningalian nu harerang tur 
ngarora...hahaha.
> Tapi aja hiji masalah nu jadi ganjelan keur sim kuring mah, kieu 
dongengna mah: Minggu kamari (Kemis, 02 Juni 2005), aya hiji dosen 
salah sahiji mata kuliah nu terang-terang menta duit ka barudak di 
kelas. Dipatok persiswana antara 30 - 50 rebu. Kaleresan harita mah  
sim kuring teu kuliah da pun biang (mertua), ngantunkeun di Garut. 
Ngan kenging wartos ti barudak sakelas. 
> Salian ti eta, basa mimiti kuliah, ieu dosen kungsi ngajual 
buku 'dedet', hijina 80 rebuan. Bari padahal, ceuk taksiran mah eta 
buku paling mahal ge ngan 30 rebuan.
> Kumaha numutkeun pamendak baraya? Naha nu kieu kalebet korupsi 
heunteu? Jeung kedah kumaha sikep kuring, naha laporkeun bae ka 
pihak Fakultas atawa cicing wae? 
> 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke