Asa kirang ngartos TTF kirang fleksibel palih mana, nya Kang? Margi TTF (atanapi OTF) oge kaasup open system tur platform independent. Saparantos aya hasil dina TTF, urang tiasa nganggo dina sistem operasi mana wae boh linux, windows, atanapi mac. Hanjakal pakarang nu sae kanggo ngadamel TTF memang seueur anu teu gratis (contona Fontographer, FontLab jste). FontForge sae (http://fontforge.sf.net), nanging utamina jalan dina sistem operasi Linux.
Saupami bade nganggo ML, sakaemut abdi tetep kedah aya heula kumpulan aksara/simbol anu salah sahijina nyaeta disimpen dina file TTF. Janten, bakalan teu tiasa nganggo MathML saupami teu aya file kumpulan aksara ieu. Cobi tingali proyek font TTF kanggo MathML dina browser mozilla di http://www.mozilla.org/projects/mathml/fonts/ . Katingal yen MathML oge peryogi kumpulan aksara (atanapi simbol) dina format TTF ieu. Kukituna ngadamel kumpulan aksara sunda dina format TTF atanapi OTF, ieu saestuna anu pangheulana kedah dikerjakeun kanggo proyek-proyek publikasi dina Aksara Sunda. Anu diperyogikeun ayeuna: 1. Kasapukan Aksara sunda, boh aksara dasar, curek, oge aturan-aturan nyeratna. 2. Kasapukan kode ASCII/Unicode aksara sunda 3. Kasapukan keyboard aksara sunda. Saterasna urang tiasa gawe bareng ngadamel kumpulan aksara sunda nganggo salah sahiji program TTF nu aya. -Dian- --- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Upama rek make TTF mah geus nyampak sababaraha pakarang gratisan, ngan kurang fleksibel. Jigana pikeun jangka panjang hade ngaguar XML, sabab ieu open system, ngan gawena lain jore-jore. Hasilna kira-kira bisa jiga ngetik make HTML, jadi karakter aksara Sunda bisa di-generate make TAG mirip HTML jeung bisa dibaca ku browser. Upama ieu aplikasi bisa dijieun, bisa dipake pikeun publikasi koran Sunda online make aksara Sunda. Contona MathML, simbol-simbol ekspresi matematika, bisa dihasilkeun kucara nu sarua jiga ngahasilkeun dokumen HTML. > > salam, > mh > > kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tah, cing, Kang Dian/MH, kumaha carana eta teh pami hoyong nyobi2 ngadamel dina TTF, OTF, MathML jeung sajabana teh, teu ngarti eung.... > Kungsi naroskeun ka nu ngadamel rupa2 aplikasi aksara asia, kedah gaduh keyman, anu anu anu, walah bingung euy... > > On 6/6/05, Dian Nugraha < [EMAIL PROTECTED]> wrote:Asana mah langkung sae nganggo standard font nu tos aya, nyaeta TTF atanapi OTF. Teu langkung naha bade ditempatkeun dina wilayah ASCII atanapi wilayah UNICODE. Salian bakal tiasa dianggo dina lingkungan web, oge tiasa dianggo dina lingkungan desktop. > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

