Sok saha anu tiasa ngakeul.....??
ayakeun pasanggiri kitu...??, pasanggiri ngakeul ....!!, da teu gampil atuh ngakeul oge,
palih katuhu nyepeng pangakeul, palih kenca nyepeng hihid......
pangakeul ngaguar mulak-malik sangu dina dulang bari digeberan ku hihid...
 
ssw
 


iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
heuheuheu.......geuningan di batur mah leres teu aya istilah ngakeul2an nya.
Emut nuju bareto mah beas sateuacan diisikan ditapian heula. Deuh meni pararantes teh sonten2 napian beas bari nganggo samping. Nyunda pisan. Ayeuna mah geuningan beas teh teu kedah ditapian deui langsung we diisikan. Etata upami nuju ngakeul teh panangan kedah tiasa nyepeng dua parabot dapur, anu katuhu nyepeng....eh naon nya hilap deui paranti ngakeul teh....eta we....teras anu kenca nyepeng hihid bari waktosna sasarengan.
Hayu baraya urang tuang. Komo sangu kengeng ngakeul mah da pulen.
Neng Iva



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke