Muhun meni waas, tapi abdi mah henteu ngalaman bah jaka.
Kapungkur mah upami sangu anu teu seep sok dipoe sina garing. Eta teh sok digoreng garing teras dipurulukan unyah, lumayan raos kanggo ngopi mah bari nongton tipi. Atanapi didamel siga ranginang namina teh ranganing kitu....hehehe hilap deui. Aya deui ketang kapungkur mah pun nini sok rajin, sangu anu garing teh digoreng teras digulaan, gula beureum. Tos kitu di kana wadahkeun we sina tiis. Engke dikeureutan....lahh....raos teh. Naha janten kadieu ieu teh teu nyambung.
Neng Iva
joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
nyepeng "CENTONG".
Beasna oge sanes diheler, tapi ditutu. Aya beas huma,
aya oge beas beureum (di lembur mah nyebutna beas
mancrit ti daerah neng Nia). Bea beunyeur jeung
bakatul sok dijieun buras.
Waktu panen ayeuna mah diarit ku parang, baheula
dibuat ku etem, hiji-hiji, ramo ge bisa keuna
kakeureut ku etem. Parena ditalian sapocong-sapocong,
terus dipoe, sanggeus garing nu 2 pocong dihijikeun
jadi sageugeus. Geus kitu disimpen di lumbung,
sabagian di lumbung boga sorangan sabagian disimpen di
lumbung desa. Nu di lumbung desa dibagikeun deui dina
waktu paceklik.
Emh ari inget ka jaman harita waaaaaaaas.
Jaka
__________________________________
Discover Yahoo!
Get on-the-go sports scores, stock quotes, news and more. Check it out!
http://discover.yahoo.com/mobile.html
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Discover Yahoo!
Stay in touch with email, IM, photo sharing & more. Check it out!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

