Title: Message
Ai menurut abdi mah mun seorang dosen anu gaduh padamelan sejen selain mengajar
mungkin dosen eta sanes dosen tetap, mun dosen tetap mah biasan konsentrasi mengajar, tapi mun sanes dosen tetap mah biasana mengajar di berbagai tempat,..sanes kitu teh Iva...
 
Rafly
Muhun kang saleresna mah tiasa disebat dosen teh kahirupanana teu acan sejahtera. Aya deui ieu mah dosen di UPI. Anjeuna bade ngalamar jadi Rektor. Sabab surat katerangan kasehatanana henteu memadai/henteu sasuai sareng anu kedah disyaratkeun. Da eta atuh anjeuna mah nganggo surat kasehatan ti puskesmas henteu ti RS. Upami sasuai persyaratan cenah kedah gaduh biaya kana 300 rebu kitu atanapi 400 rebu. Tapi anjeuna teu gaduh biaya saageung kitu. Ahirna henteu lolos janten rektorna. Seueur dosen anu gaduh padamelan sejenna deui, nyambi padamelan sejen. Aya anu buka toko, aya anu bari dagang, atanapi usaha sejenna. Padahal upami tiasa mah nya konsentrasi dosen kudu ngonsentrasikeun kana ngurus mahasiswa ulah kabagi2. Tapi nya kitu panginten da peryogi melarian tambahan panghasilan deui.
Memang leres kang kapungkur mah kasejahteraan dina ekonomi teh maju, istilahna mah artos teh berlimpah. Henteu dina kasejahteraan para guru wae nya. Tapi dipihak lain waktu harita mentalitas bangsa rendah sabab kunaon....sabab pamerentah ti jaman harita keneh nyepelekeun kana pendidikan. Gedung2 laluhur, ekonomi maju tapi pendidikan (pewarisan nilai2) henteu diperhatoskeun ahirna sabab bangsa urang teu acan siap gaduh artos anu ageung sabab budi pekertina henteu jalan. Antukna karorupsi. Enya tah korupsi teh datangna ti laluluhur. Ari anu dihandap mah kumaha anu di luhur. 
 
 
Neng Iva



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke