Baraya,
 
Ari si kuring mah ngabasakeun sakabeh pagawe negri, boh anu dina widang atikan atanapi anu sejenna, salaku "pamaen akrobat ulung". Ieu istilah teh lumaku boh ka pagawe negeri leutik (golongan handap jeung teu bisa nyiar hasil ti sisi ti gigir, upamana teu kaagehan proyek) atawa pagawe negeri anu kaasup golongan sedeng jeung gedean.
 
Anu leutik,  nya akrobatis ulung, da sasatna ku syare'atna panghasilan leutik aranjeunna bisa hirup-hurip, malah bari ngurus rumah tangga jeung nyakolakeun barudakna nepi ka lulus banglus ka paguron luhur. Koran Kompas sababaraha taun ka tukang kungsi ngawartakeun hiji PNS anu bisa nyakolakeun barudakna nepi ka lulus jaradi sarjana ti paguron luhur kalawan kalungguhan anjeunna ukur golongan III. Anu model kitu teh teu saeutik.
 
Ka anu sedeng, nya akrobat oge da sami bae pangabutuh mah, malah anu teu arapaleun mah sok nyangka cenah ngeunah jadi pagawe negri mah, meunang pensiun jeung boga proyek. Padahal mah teu kitu, kalan-kalang sok salah sangka, disangka ngeunah padahal mah ripuh anu aya, komo pikeun anu jalujur mah. Jeung deui, beuki ningkat kahirupan nya tambah loba pangabutuh anu tetep bae ku ijiran aturan anu sah ngeunaan beubeunangan pagawe negri mah teu nyukupan sabenerna mah. Tapi Pangeran mah Adil, sok aya bae jalan kaluarna. Keun bae akrobat oge asal anu halal bae.
 
Ka anu golongan jaregud, anu hartana luyuh-layah, bru di juru, bro di panto ngalayah di tengah imah, bari lain tina harta warisan atawa usaha halal sejenna nya komo, akrobat pisan. Loba kajadian, anu ceuk ijiran aturan mah teu mungkin boga panghasilan sakitu luyuh-layahna tina "ladang" jadi pns, tapi geuningan kabuktian loba anu narepi ka dinya. Ieu oge akrobat, akrobat gede kacida.
 
Sigana, salian ti karakter sewang-sewangan, sistem kapagawenegrian di urang memang ngudukeun jeung ngamungkinkeun lumangsungna akrobat-akrobat, boh akrobatg anu jujur atawa  anu teu jujur. Anu teu jujur, upamana, siga kasus KPU tea, manusa-manusa anu sapopoena icikibung dina widang atikan jeung ngajegkeun hukum, na ana geus ancrub ka pamarentahan jeung sistem kaproyekan urang ayeuna mah geuningan teu mangga pulia, kudu ngasaan dicalana pondok di hiji imah anu pada ngajauhan.
 
Oh pagawe negri, kumaha atuh nasib aranjeun ka hareup?
 
Baktos,
manAR
 
 
 
  

 
On 6/9/05, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kuring ayeuna nuju icikibung di widang pendidikan. sok
sanajan sanes dosen, tapi kuring ngarasa kasejahteraan
pikeun padamel/dosen di bidang pendidikan teh masih
tebih kana darajat sejahtera. Aya salah sahiji dosen
antropologi (anu nyentrik, S1 na dokter, S3
antropologi, kasenengna ngadu hayam), ngibaratkeun
kaayaan dosen PNS teh sapertos "kuli kontrak", anu
darajatna teh sahadapeun buruh.
(Bandingkeun sareng kasejahteraan guru jaman taun
1950-1960 an. Sok geura taros ka para sepuh, kumaha
kasejahteraan guru jaman harita).

baktos,


mrachmatrawyani


--- mojang_akank <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>
> Sigana parbuatan "pamerasan" ka mahasiswa salah
> sahiji paktor
> disebabkeun gajih dosen teh henteu memadai.



__________________________________
Discover Yahoo!
Find restaurants, movies, travel and more fun for the weekend. Check it out!
http://discover.yahoo.com/weekend.html



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke