Hatur nuhun kang sidik anu tos ngalereskeun basa sunda
simkuring, margi abdi teh rumaos kirang belajar basa
sunda kanggo sepuh, kanggo sasama, sareng kanggo
sahandapen, nya hapunten sakali deui, basa sunda
simkuring masih balelol.
perkawis naros pasar baru abdi kirang terang
nya tos sakitu lamina dumuk di Cianjur tapi perkawis
sadaya wilayah kirang apal lantaran tara ameng ka ditu
kadiyeu lantaran teu gaduh rerencangan.
eta oge upami libur nya di bumi wae tara ka mana-mana
janten kuper, he.. he...
abdi dumuk di Perum Bumi Mas Cianjur, kampung bayubud.
caket ka pasir hayam.
upami kang Siddik dumuk di Cikundul leres kitu, upami
kitu palimana tempat ziarah ...?
--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> supriyadi endang <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ass. Wr. Wb.
> Mangga kalebet sadayana ka para wargi anyar, sami
> abdi
> ge bade masihan identitas simkuring upami
> dipercanten
> jenengan --->> kanggo nyalira (diri sorangan)-->
> wasta/nami
> teh : Endang Supriyadi damel di Danone Group
> abdi linggih ---> dumuk/matuh
> di Cianjur upami asli mah di Serang
> namung numpang lahir wungkul da pun Rama --> pun
> Bapa
> sareng Ibu --> pun biang
> asli ti Sukabumi.
> Sateuacanna di Cianjur abdi kantos linggih -- -->
> dumuk
> di SUkabumi
> ti taun 1991 dugi ka 1996, taun 1996 dugi ka 1997
> kuralang kuriling teu netep kadang di SUkabumi,
> kadang
> di Cikarang, kadang di Cianjur, kadang di Serang.
> linggih --> dumuk
> di Cianjur ti taun 1998 dugi ka ayeuna
> abdi damel di iyeu danone group ti taun 1996 dugi ka
> ayeuna.
> tos teu kuralang kuriling deui cape ah
> lantara harita mah acan gaduh papacangan upami
> ayeuna
> mah tos dipercanten nyaeta tos gaduh putra -->
> anak/pencil
> 2 alhamdulilah.
>
> Hatur nuhun
> Endang
>
> ssw
> pituin Cianjur....
> puntennya dikoreksi...
> dimana linggih teh di Cianjurna ..??
> masih aya pun paman di Pasarbaru....
>
>
__________________________________
Discover Yahoo!
Use Yahoo! to plan a weekend, have fun online and more. Check it out!
http://discover.yahoo.com/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/