Sakitu mah basa Sundana tos kaetang sae..
Pasarbaru mah... caket kaum, caket ka kantor kabupaten..
Bayubud... sakali-kalina kadinya 40 taunan kapengker...
Henteu.... abdi mah tos ampir 30 taun nuju bubuara dinagri deungeun..
ka tempat ziarah...osok kadinya upami kaleresan nuju cuti ka lembur bubuhan masih
karuhun abdi.
Mangga teraskeun......
 
ssw
 
supriyadi endang <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hatur nuhun kang sidik anu tos ngalereskeun basa sunda
simkuring, margi abdi teh rumaos kirang belajar basa
sunda kanggo sepuh, kanggo sasama, sareng kanggo
sahandapen, nya hapunten sakali deui, basa sunda
simkuring masih balelol.
perkawis naros pasar baru abdi kirang terang
nya tos sakitu lamina dumuk di Cianjur tapi perkawis
sadaya wilayah kirang apal lantaran tara ameng ka ditu
kadiyeu lantaran teu gaduh rerencangan.
eta oge upami libur nya di bumi wae tara ka mana-mana
janten kuper, he.. he...
abdi dumuk di Perum Bumi Mas Cianjur, kampung bayubud.
caket ka pasir hayam.
upami kang Siddik dumuk di Cikundul leres kitu, upami
kitu palimana tempat ziarah ...?



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke