Warta dina koran PR ieu http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2005/0605/09/0103.htm ngeunaan Indonesia anu arek ngawangun pusat riset software anu ngarupakeun komitment Bill Gates hasil ngangjangna SBY ka USA, matak nimbulkeun gumbira awor jeung kamangmang. Anu jadi kagumbira, sabab upama eta rarangkay jadi tur lancar kalaksanakeun, meureun urang teh bisa jadi salah sahiji nagara anu maju dina widang IT ngudag kamajuan nagara-nagara Asia sejenna. Komo upama lokasina ieu rarangkay gede teh di Bandung, saheunteuna US meureun kacepretan, sakurang-kurangna kaserepna tanaga kerja US.
 
Anu jadi kamamangmang, aya sababaraha hal. Kahiji, lokasi eta rarangkay masih diparebutkeun antara Bandung jeung Surabaya. Lamun teu jadi di Bandung, rada lebar ku usaha dulur-ulur urang di ITB anu geus ngagarangkay oge "lembah biru"-na Indonesia di wewengkon sabudeureun Bandung (beja ieu heunteu aya di koran PR di luhur, tapi heus loba anu apal). Kamangmang anu kadua patali jeung kinerja kapamarenhatan urang (birokrasi, KKN), sdm jeung infrastruktur pangrojong sejenna anu ceuk si kuring mah tacan siap pisan, utamana lebah kinerja kapamarentahan. Sieun ku alatan kitu, tinimbang urang anu meunang mangfaat tina eta gawe badag, malah resources urang anu kasedot ku juragan Bill.
 
Kamelang sejenna, patali jeung harewos sejenna, anu sarua teu kabejakeun dina warta PR di luhur, maklum ngaranna oge harewos. Ceuk cak-cak bodas, upama rencana eta lokasina jadi di Bandung, eta gawe badag teh rek sakalian dipake jalan jeung cara keur memeres pasoalan PTDI (PT. Nurtanio baheula). Enya kamelang lebah dieu teh awor jeung rasa syukur. Syukurna, upama nya di sagigireun eta gawe badag lancar di Bandung oge pasoalan tenaga kerja PTDI anu ayeuna kadungsang-dungsang bisa karengsekeun, nya ceuk babasan basa Indonesia mah "sambil menyelam minum air" tea atawa "sekali mendayung dua tiga pulau terlampaui".  Anu jadi kamelang, sieun masalah PTDI teu beres, atuh eta gawe badag teu jalan kalawan lancar ku alesan karewong ku memeres PTDI. 
 
Cikan baraya, aya pamendak kumaha alusna ieu kahayang Bill Gates meberkeun jangjangna upama jadi di Tatar Sunda (Bandung)?
 
baktos,
manAR 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke