Wah, telat macana eung... Wik en ieu mah kuring teh ulin ka Bogor, mapay tapak sababaraha taun ka tukang (heuheu... kawas nu heueuh!). Niatna mah hayang nempo acara biantara Pa Anis Jatisunda tea di Bale Kota, ari pek kabeurangan teuing datangna. Tungtungna mah ador2an bae, peutingna dipungkas ku lalajo wayang golek Asep Sunandar di Bale Kota. Hehe, aya kana lima taunna di Bogor, ari aya raramean di Bale Kota teh so tara pareng lalajo. Na ari ayeuna geus di Jakarta, mani ngahajakeun datang ka Bogor. Tapi edas euy, teu kuat ku ngantuk. Kakara nepi ka jam 12 ge mundur ti heula uing mah, teu pati kuat angin peuting deuih...
Oh enya, keur nungguan si cepot manggung teh, bet aya nu nyolongkrong make kaos hideung, sablonananana bodas, aksara "badui". Horeng kang Yayan Mul & baladna... Na terus leos ka mana harita teh? kdr On 6/10/05, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ka sadayana, Aki, Nini, Abah, Ambu, Emang, Embi, Akang, Eteh, Euceu, teu > hilap ka Ayi, wilujeung Libur. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

