|
Assalamu'alaikum Wr.Wb.
Mugi-mugia warga di ieu kampung kusnet aya dina panangtayungan Mantena.Amin
saparantos.ngaos postingan ti Kang kumincir..(netiket) aeh..simkuring teh teu acan nepangkeun diri..da tos lami lebet ka ieu kampung kusnet teh ngan resep mantau lilis eh millis wungkul.Tah kikituna..nepangkeun simkuring
di pasihan nami Ku Pun biang teh Jajat S..Kawit ti Bandung (jl.Rajawali)
Pun rama pun biang linggih ti Rajawali sedengkeun mertua linngih ti Rajamandala (sami-sami Raja)..
Ayeuna sim kuring ngumbara di Bekasi (Cikarang)didamel di PMA Jepun..di Jababeka upami linggih mah di Cikarang Baru....Tos gaduh buntut dua putri upami istri mah hiji bae..Sakitu heula panginten perkenalan diri ti simkuring,simkuring siap di lereskeun upami aya undak usuk basa anu teu merenah..Neda di hapunten ka sadayana..
Wassalam
~Jajat pisan...~
anu resep mantaw ieu millis...
salam kenal ka Rafly Miih..simkuring gaduh rerencangan ti jababeka.co.id namina Yayan Muljadi...Cag ah..
-------Original Message-------
Date: 06/15/05 12:22:09
Subject: [Urang Sunda] aturan milis US----Re: pak dudi
Di handap ieu, aya berendelan pangwanoh & aturan milis US. Ka anu teu acan uninga, mangga dilenyepan deui. Da asana mah, sadaya anggota nu anyar asup teh kabagean, haratis dibagikeunana ge...
~di gunting~ |