Baraya Sunda, US, Kisunda,  saalam dunya,
 
Nitenan kaayaan wacana ngeunaan Sunda, boh anu sifatna kagiatan sarupaning pejemuhan/seminar, wawancara ahli, diskusi di tv, oge acara-acara lianna di lemah cai, khususna Tatar Sunda, kiwari keur meujeuhna reang. Geura bae, anu kapireungeuh dina sabulan Juni ieu (anu enggeus jeung anu arek) aya sababaraha acara saperti kitu anu sifatna regional (Jawa Barat), kayaning:
 
1. Sawala Luhung ngeunaan "Sunda, Siliwangi jeung Pajajaran" (dilaksanakeun di Bogor, 11 Juni 2005), anu hajatna: pamedal KalaSunda (Kang Oca sprkc);
2. Pangleleran hadiah/pangajen "Rancage" (garapan kang Ajip Rosidi), tadi peuting di Jakarta
3. Seminar ngeunaan "Pembangunan Berbasiskan Budaya, Revitalisasi Nilai-nilai Budaya Sunda dalam Pembangunan Daerah". Anu ieu rencanana dilaksanakeun di UNPAD; waktuna masih "open date".
4. Seminar Disbudpar Jabar, jejerna poho deui, ngan kira-kira aya kalimah:"Napak Lacak Kisunda...js", arek dilaksanakeun bulan Juni ieu.
5. Kongres Basa Sunda  VIII di Subang, 28-30 Juni 2005
6. Ditonjolkeunna milangkala Kang Kusnaka, guru besar antropologi UNPAD sakalian jeung "launching" bukuna anu dijudulan "Berkarya di Belantara Budaya : Dinamika Budaya Lokal, Partisipasi dan Pembangunan", Bandung, 8 Juni 2005 (ngarupakeun reportase "PR" make judul "Menggali Kearifan Budaya Lokal, Mengangkat Martabat Bangsa", dipostingkeun ku yasana Kang Kandar (  http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/12800
7. "Rawayan Jati jeung filosofis cai dina kahirupan US, guaran Abah Surya dina acara anu dilaksanakeun ku Forum Bandung Segar di Bandung, Kemis, 9 Juni 2005 dina raraga mepeling poean lingkungan hirup "Penggalian Nilai-nilai Budaya dan Kearifan Lokal Dalam Mengelola Lingkungan Hidup" (direportase ku PR make judul "Tafakur di Bumi yang Uzur"  http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2005/0605/10/0104.htm ; dipostingkeu ku kang Rachman di Baraya_Sunda.
8. Koran "Kalawarta Kujang (KK)" geus medal deui, kalayan rada pinuh ku guaran budaya. Malah dina nomer anu pangakhirna mah wawancara KK jeung si kuring ngeunaan "Kabuyutan" cenah dimuat (teuing da nepi ka danget ieu oge can narima eta koran teh, kiriman ti Kang Dian, wartawan  KK can nepi ka kantor)
 
Nengetan acara-acara di luhur, boh anu geus lumangsung atawa anu arek dilaksanakeun, aya sababaraha hal minangka catetan jeung bahan padungdengkeuneun sakumaha di hareup ieu:
 
1)  Aya "benang merah" atawa gurat nganteng anu bisa ditarik nyambungkeun wacana-wacana di luhur nyaeta ngeunaan hudangna deui kasundaan sok sanajan karek nepi kana wacana alias tacan noel kana rarangkay gawe (rencana tindak/"action"). Gurat nganteng anu dimaksud teh ngeunaan kahayang US pikeun bisa hudang tur nangtung kalawan heunteu incah balilihan tina jatidirina, jembarna: eksis dina budayana. Diantara jatidiri US teh nyaeta pangajen kana Kabuyutan-na (diantara kabuyutan kisunda  teh nyaeta : rawayan jati/SILAS, basa Sunda, cai; partisipasi anu gede ti masyarakat dina pangwangunan alias ngertakeun bumi lamba tea, jrrd).
 
2) Anu dimaksud ku kuring salaku teu acan aya "action" dina catetan nomer 1) di luhur teh bisa diringkeskeun kieu: salila ieu hasil-hasil ngaji atawa seminar jeung sajabana teh teuing kamana, jeung deui, dina prak-prakanana ngalaksanakeun acara, mindeng pisan tara pati ngalibetkeun pangagung-pangagung di pamarentahan nurutkeun kalembaganana (lain "person"). Maksud kuring, matak naon upama acara-acara sarupa kitu teh sakalian bae diayakeun salaku forum menta tanggungjawab atawa asupan (input) pikeun program pamarentah anu engkena ditagih babarengan ku forum. Dina sababaraha hal, upama heunteu aya "action" anu nyata hasil pagempungan masyarakat jeung pamarentah, bener sakumaha kasauran hiji inohong budaya Sunda (ceuk cenah) nalika diperedih ngajejeran salaku anu biantara konci dina KBS VIII engke:"Ah, moal arek miliuan, lebar ku biaya ari kitu bae-kitu bae mah, biaya sakitu mah mendingan dipake ngawaragadan barudak sakola anu teu mampuh", saurna (ceuk cenah, kitu oge).
 
3) Kukituna, perlu pisan sakabeh organisasi-organisasi US anu ngawacanakeun kasundaan ngayakeun koordinasi alias sawala pikeun gawe bareng nyieun program "action" (syukur lamun jeung perencanaan stratejikna), anu eta forum koordinasi teh saterusna ngadep ka dpr jeung gubernur pikeun advokasi.
 
Kacindekan pamungkasna: Ngabageakeun pisan ka sakumna US anu geus ngayakeun pagempungan-pagempungan ngawacanakeun kasundaan. Tur, saterusna, miharep sangkan aya sawala gede ngeunaan naon rupa jejer jeung lengkah tindakanana anu salila ieu geus dipajemuhkeun. Lebar ku biaya upama heunteu aya lajuninglakuna mah. Kumaha kira-kirana? Naha Kusnet bisa ngabidanan koordinasi jeung gawe bareng saperti kitu?
 
baktos,
manAR
 
  
 
SEMINAR PEMBANGUNAN BERBASIS BUDAYA SUNDA :

"REVITALISASI DAN APLIKASI NILAI-NILAI BUDAYA SUNDA DALAM PEMBANGUNAN DAERAH"

 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke