upami di lenyepan email ti Neng MRachmat Rawyani rupina mah aya bakat janteun pemerhati budaya kasundaan nya leres kitu Neng MRachmat Rawyani.
punteun ah upami lepat mah. Wassalam Endang --- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ari pikeun kuring mah, sok maksakeun ngaluuhan acara > > rancage teh, hayang ningali "tapak" para tokoh, > sugan > wae atuh aya sasieureun sabeunyeureun anu bisa jadi > picontoeun atawa pieunteungeun. Sabab mun hayang > informasi saha anu meunangkeun hadiah rancage, kari > nungguan wae ti koran atawa "harewos" ti batur. > > anu katingali ku kuring mah, aya sumanget (anu hese > digambarkeun) ti para tamu anu haladir dina eta > riungan. Padahal mah para tamu anu haladir teh > umurna > kawilang geus nincak sareupna ( sapertos Aki Achdiat > K > Mihardja). Ngariksa budaya teh hiji pagawean anu > bangga (=hese), teu bisa instan (=seketika) siga > dahar > cabe/cengek langsung karasa heuhahna. Upama urang > nitenan karya mang Ayip (novel di tengah keluarga, > kaluaran taun...?) atawa Atheis jeung Manifesto > Khalifatullah (karya Aki Achdiat), katingali > karya-karyana teh pinuh ku "proses pembentukan > kepribadian", kumaha budaya mangaruhan kana > perkembangan pribadi tokoh-tokohna. anu jelas mah > eta > dua tokoh, sok sanajan "nyeuseup' hawa jeung budaya > "barat", tapi tetep we teu ngalunturan kacintaan ka > budaya Sunda. Sikep siga kitu sigana anu hese bisa > dipikanconto ku urang salaku generasi ayeuna. Sabab > tantangan jeung kaayaan jaman kiwari beda jeung > jamanna Ayip Rosidi atawa Aki Achdiat. Tapi lain > hartina teu bisa sama sekali, miconto naon-anon anu > geus ditaratas ku dua tokoh eta. tah didieu perluna > strategi kebudayaan, anu sawatra kaliwat tos > didadarkeun ku Kang Oman. > > > Perkara kawijakan pamarentah anu prahmatis dina > ningali perkara kabudayaan, hiji hal anu kudu > diteangan cara mangaruhan para gegeden di > pamarentahan. ari ceuk kuring mah, kudu > disanghareupan > ku argumen-argumen ilmiah ti lingkungan paguron > luhur, > pentingna mulasara budaya, siga anu dikedalkeun ku > Prof.Dr. Kusnaka Adimihardja (Mahaguru Antropologi > Unpad) dina acara seminar "Sunda, Siliwangi, > Pajajaran" di Balaikota Bogor saptu anu kaliwat, yen > tehnologi, elmu pangaweruh Barat jeung filsafat > kapitalistik anu ayeuna dianut pamarentahan teh > ngadeukeutkeun dunya kana kaancuran. Aki achdiat > ngajentrekeun dina buku "Manifesto Kalifatullah". > > baktos, > > mrachmatrawyani > > > --- Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Nambihan: > > 1. Nu ngaluuhan teh seueur nu tos sararepuh tapi > nu > > boga ngaran ku prestasina sapertos Kang Ajip (bade > > 70 thn), Ramadhan KH, Aki Achdiat jste. Angkatan > > sahandapna saha?....sigana aya gap nya jeung > > nonoman/generasi urang sunda sahandapna; > > 2. Peurih hate Kang Ajip, hayangna mah aya rancage > > teh karya-karya nu meunang jadi rebutan urang > sunda, > > supaya dibaraca, penerbitan hirup, nu narulis > nambah > > terus muter nu ahirna kabudayaan hirup & tumbuh, > > atawa paling henteu atuh pemda nyitak buku keur > > ngeusi pabukon2.....Tapi duanana ge teu kajadian. > > 3. Saur Kang Ajip aspek Budaya teh nepi ka ayeuna > > can pernah jadi perhatosan pamarentah. Budaya teh > > ngan ditempo ti sisi komersial nu matak dihijikeun > > jeung pariwisata. > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam > protection around > http://mail.yahoo.com > __________________________________ Discover Yahoo! Use Yahoo! to plan a weekend, have fun online and more. Check it out! http://discover.yahoo.com/ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

