Keun soal pepelakan mah
 
kanggo akang mah asal neng iva kersa
bade tangkal naon ge moal burung ditedunan
tong boro di purwakarta
di mana wae ge moal burung di udag
ngan saratna hiji ...
asal kersa
 
punten ah heuheuheuyyyy....
 
 
firman
mungheureuywungkulahtapiseurieusgeteunanaon

________________________________

From: [email protected] on behalf of kumincir
Sent: Sel 21/06/2005 12:41
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Nikah di purwakarta


Na da sarat nikah mah gampil, Teh Iva. Saur saha sesah? Asal urang gaduh KTP, 
urangna purun, ituna daek, wali ti pihak istri aya, der bae. Gampil. Kade hilap 
ipekahna...

isk


On 6/21/05, iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 

        Sanes ku perkawis ngaabotan atanapi sanesna, memang da leres gampil 
sigana melarian bibit pepelakan mah. Abdi ge saluyu pisan dina ngokolakeun 
pepelakan teh. Mangpaatna ageung pisan kanggo lingkungan. Mung dina perkawis 
sarat2 nikah mah upami tiasa malihan kedah langkung disederhanakeun, tos keur 
mah dina administrasina kanggo jalma2 tertentu mah masih keneh sesah 
ngalaksanakeunana. Upami dina soal cerai mah nya mangga wae. Atanapi atuh dina 
sarat2 sejenna deui. Misalna barudak sakola SD misalna kudu nyandak bibit 
pepelakan kanggo salah sawios lebet ka sakola. Tah ieu langkung sae deui, 
kahiji aya pendidikan atanapi ngadidik ka barudak alit ti ayeuna keneh sangkan 
cinta atanapi reueus kana pepelakan.Tapi ari ieu paraturan tos dijieun mah nya 
tangtosna sabagai rahayat kudu nganaatan.





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

<<winmail.dat>>

Kirim email ke