Muhun mangga atuh,

Mung mugia nu ngalaksanakeunna ageung timbang tarajuna we. Da 
geuningan seueur baraya urang di Indo (utamina jalmi2 teu gaduh 
sapertos di Tanjung Priuk) nu kumpul kebo mangpuluh2 taun ku alatan 
teu gaduh artos kanggo nikah sanaja ukur ka KUA. 

Ka KUA henteu tapi nikah hoyong (marenehna mah teu terang yen ka KUA 
teh "teu wajib"), antukna prung we hirup saimah teu make ijab kabul 
asal daek nepi ka boga anak oge taya nu ngageunggeureuhkeun (euleuh 
ieu eu-na meni meureuleu heuheu..).

Kanu siga kieu mah ulah boro dipiwarang ngabantun tangkal, malahan 
mah kedahna dipasihan artos tina APBD pikeun walimahan....

baktos
y

--- In [email protected], roro rohmah wrote:
> Pala wargi, punten sateuacana basa Sunda abdi kirang sae sok 
pacampur lemes sareng kasar, ngiring ngaramekeun nya…
>  
> Ah, saur abdi mah teu ngaabotkeun mung saukur tatangkalan mah teu 
sapira, bade meser, bade nyuhunkeun, bade ngipuk, bade ngarabut di 
bumi batur hehehe….eta mah teu langkung kanu bade nikah atanapi 
pepegatan. Tong ditingali abot sareng heunteuna tapi ditingali 
mangpaatna kanggo anak plus incu arurang jaga, komo ayeuna jaman 
hese cai lumayan kanggo nampung cai dina usum hujan...
> 
> Siiiiplah…acungkeun indung leungeun (bingung basa lemesna naon 
nyak?) kanggo Bupati Purwakarta, mugi2 ditarurutan ku Bupati2 nu 
sanesna…
 
> Hatur nuhuh,
> 
> Roro.
> 
> 
> iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Satuju !! 
> Tos keur mah dina syarat2 administrasina masih seueur jalma anu 
hese ngalakukeun. Ditambih kudu gaduh bibit pepelakan. Upami tos 
gaduh bibit pepelakan teras sarat2 administrasina teu tiasa, masih 
tiasa nikah henteu? angger we da henteu. Janten nya harap 
dipermudahlah....karunya kanu hoyong enggal nikah mah...kaburu ke 
teh buahan dina sejenna.....:)
> 
> ---< diteukteuk ku kuncen >---




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke