Sae pisan Kang Gunawan dina ngomentranana, salut ka orang sapertos Kang Gunawan, ayeuna mah kumaha sangkan urang bisa maju, bisa tibra sare, bisa dahar nikmat jeung usaha merenah, tambah bisa IBADAH ANU BENER. BAMBANG PURWANTO
----- Original Message ----- From: Gunawan Yusuf Upami ditingal dina potensi mah aya pibahanneun janten propinsi pangmajengna di Indonesia, benten sareng Banten nu misah ti Jabar lantaran etnik, jrrd. Kuring sanajan urang Bogor teu nyatujuan hal ieu, kumargi ditilik tina pangalaman propinsi Banten, kaleresan Sim Kuring linggih di Serang, Banten, lain tambah maju, korupsi we ti mana-mana, malihan mah Gubernur Banten tos janten tersangkana, teu acan ribut rebutan jatah APBD, nepi ka Tangerang rek misahkeun ti Banten lantaran dibere APBD pangsaeutikna, tah balik deui ka Propinsi Bogor, ceuk kuring mah hal ieu urang lenyepaneun heula, kunaon margina ?, apa Pemprov Jabar teu bener ngajalankeun roda pamarentahanna, da ayeuna mah tong boroning Jabar, dalah Bandung oge nu janten ibukotana, kota-na amburadul, puguh macet dimana-mana ?, pangwangunan dimana-mana tapi pangangguran oge loba, kadua nilik tina etnis sunda loba nu mawa karep sorangan, puguh lamun kakara di Jakarta sabulan oge, geus ngomong batawi bae, pangalaman kamari keur pemilihan persiden, aya calon ti urang sunda, eta komentarna ti urang sunda nyalira rupa-rupa ti nyebutkeun sukuisme, neluh sorangan, nepi ka mamawa dalil qur'an jeung hadits nu sakabehna teu satuju urang sunda jadi persiden, ninggang SBY kapilih, lajeng dina kabinet urang sunda teu kapilih kakara wae ribut, padahal mah urang sunda teh potensi pemilihna panggedena di Indonesia, kuring oge salerena mah teu satuju make ngaran propinsi jawa barat, lantaran sacara geografi oge nyalahan, kuduna mah banten nu disebut jawa barat teh, komo deui di jawa barat mah pendudukna urang sunda, sanes jawa, rek ngagentos nami propinsi jadi "tatar sunda" pan urang cirebon parotes, da maranehna mah teu ngarasa jadi urang sunda, padahal jawa oge mboten, nu pang dipikasieun propinsi bogor raya ieu nyaeta bilih identitas sunda-na ical, kumargi ayeuna di bogor nyalira urang sunda tos seueur nu ninggalkeun budayana........... Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

