Kamari Rebo 22 Jun 2005 sim kuring, MJ, Kang Soni jeung Kang Dipa ngawangkong di radio Antasalam Bandung (FM 103.9) perkara basa Sunda di Internet, sareng ngawanohkeun Kusnet, dimimitian ti tabuh 3 sonten dugi ka tabuh 5 sonten, ari ngobrol rada daria mah waktu teh teu karasa, asa loba keneh nu kudu ditepikeun tapi kaburu kasengker ku waktu. Loba nu di obrolkeun teh ti mimiti ngadegna Kusnet, jumlah anggota jeung kagiatan, atuh nu di tulis di Kusnet ge di obrolkeun ti mimiti gunana koneng gede nepi ka nyieun bajigur, ti perkara nyandung nepi ka milih presiden jste. "On air" teh bari interaktif, ngan hanjakal anu nelepon mung aya sababaraha urang teu seueur teuing atuh kitu deui anu nga SMS teu seueur, sigana dunya internet masih dianggap hal anyar, can dipikawanoh pisan, aya SMS anu naroskeun Sekretariat Kusnet di Bandung dimana,....puguh we kuring saparakanca rada bingung ngajawabna, da ari Kusnet mah ngaharib harib kana OTB (Organisasi Tanpa Bentuk), da ayana di dunya maya. Nya mudah mudahan we atuh ku ayana "on air" siga kitu beuki ngawanohkeun Kusnet jeung sasieureun sabeunyeureun mere kanyaho yen media internet/milis bisa dipake keur ngamumule basa Sunda. Aya beja rada pikabungaheun Radio Antasalam mere waktu pikeun siaran rutin saminggu sakali, acara tematis masalah kasundaan, kuring, MJ, Kang Soni, nyanggupan, mun pareng derna dina bulan Juli 05, Sakitu tah laporan teh. (ngahaja kuring nyieun laporan lamun aya kagiatan anu mamawa ngaran Kusnet).
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

