panginten nu iue, kang gun?;



> ----- Original Message -----From:Gunawan Yusuf
> 
> To:[email protected] ; [email protected]
> 
> Sent: Tuesday, July 01, 2003 6:22 PM
> 
> Subject: SAJARAH BANTEN 7 (SYECH MAULANA MANSYUR CIKADUEN /KI BUYUT 
> MANSYUR)

>   (SYECH MAULANA MANSYUR CIKADUEN /KI BUYUT MANSYUR)
> 
> Syech 
> Maulana Mansyurudin kasohor nami Abu Nashr, Abdul Qohar, sareng Sultan Haji, 
> anjeuna putra Sultan Agung Tirtayasa Abdul Fattah.
> 
> Ceuk sakaol 
> nalika taun 1651 M, Sultan Ageng Tirtayasa (Abdul Fattah) liren tina 
> kasultanan, 
> dipasrahkeun ka putrana nyaeta Maulana Mansurudin Sultan katujuh Banten, 
> kinten-kinten 2 taun janten Sultan teras angkat ka Mekah. Kasultanan 
> dipasrahkeun ka putrana nyaeta Sultan Abdul Fadli, nalika angkat ka Mekah 
> Syech 
> Maulana Mansur dipasihan wasiat ku ramana nyaeta upami angkat ka Mekkah ulah 
> mampir ka tempat sejen kedah langsung ka Mekkah lajeng ti Mekkah kedah 
> langsung 
> ka Banten.
> 
> Dina 
> sajeroning lalampahan ka Mekkah Syech Mansur hilap ka wasiat sepuhna anjeuna 
> singgah heula ka pulau Majeki, di dieu anjeuna nikah sareng ratu jin gaduh 
> putra 
> hiji.
> 
> Salami  Maulana Mansyur di pulau Majeki, Sultan 
> Adipati Ishaq di banten kena rayuan Walanda nu antukna anjeuna janten 
> diangkat 
> sultan ku Walanda. Nanging sultan Abdul Fattah teu nyatujuan kedah ngantosan 
> Maulana Mansyur, lajeng aya kakacauan nu ahirna dongkap kapal anu ngaku 
> Maulana 
> Mansyur sarta nyandak barang-barang ti Mekkah, dongkapna Sultan palsu ti 
> Palabuhan Banten ka Surosowan karaton Banten tetep ngangken Sultan Haji Abu 
> Nashri nu ahirna jalmi-jalmi percanten, mung Sultan Ageng nu teu percanten, 
> padahal Sultan palsu the Raja Pendeta turunan Jin ti pulo Majeki. Sultan Agen 
> dipikahewa ku sarerea, lajeng aya peperangan antawis Sultan Ageng sareng 
> Sultan 
> Haji palsu, nu ngabela Sultan Ageng nyaeta Tubagus Buang. Salajengna kabar 
> ayana 
> perang ka Maulana Mansyur nu aya di pulo Majeki yen aya perang ageing di 
> Banten 
> lajeng anjeuna emut kana wasiat sepuhna nu tos dilanggar, anjeuna angkat ti 
> pulo 
> Majeki ka Mekkah nyuhunkeun dihampura tina sagala dosa di 
> Baitullah.
> 
> Saparantos 
> kitu rupina tobat ti anjeuna ditampi ku Gusti Allah SWT sarta dipasihan 
> sababaraha elmu panemu sareng karomah. Anjeuna emut ka Banten sareng izin ti 
> Allah SWT anjeuna neuleum di sumur zam-zam lajeng muncul di Cibulakan, 
> Cimanuk 
> bari nyandak kitab suci  Al Qur #8217;an 
> dipanangana lajeng eta Qur #8217;an janten batu nu aya tulisan Qur #8217;an 
> eta tempat 
> ayeuna katelahna  #8220;Batu Qur #8217;an #8221; nu dikurilingan ku cai.
> 
> Sadongkapna 
> ka kampung Cikoromoy teras nikah ka Nyai Sarinten gaduh putra namina Muhammad 
> Sholih jujulukna Kyai Abu Sholih, salami di Cikoromoy anjeuna ngajarkeun 
> syareat 
> Islam. Nyai Sarinten pupus teras dimakamkeun di Pasarean Cikarayu Cimanuk. 
> Syech 
> Maulana Mansyur pindah ka Cikadueun bari nyandak khadam Ki Jemah teras nikah 
> ka Ratu Jamilah ti Caringin 
> Labuan. Dina hjiji waktos Syech Maulana Mansyur ngadangu soanten meong heras 
> pisan, barang ditingali sihoreng eta meong dijapit ku kima, eta meong meredih 
> menta tulung ka Syech Mansyur sangkan ditulungan, kumargi Syech Mansyur wali 
> sareng ngartos kana basa sato sapada harita eta meong tiasa dilepaskeun tina 
> kima. Saparantos kitu eta meong dibeat ku Syech Mansyur  nu eusina kieu  
> #8220;Maneh meong ulah 
> ngaganggu ka sakur anak turunan kami #8221;, eta meong dikalungan surat Yasin 
> dibehengna dipasihan nami si Pincang atanapi Raden Langlang Buana, Ki Buyut 
> Kalam. Eta Meong janten rajana meong di 6 tempat nyaeta Ujung Kulon ratuna Ki 
> Maha Dewa, Gunung Inten ratuna Ki Bima Laksana, Pakuwon Lumajang ratuna Raden 
> Singa baruang, Majau ratuna Raden putrid, Manitung Nyayat nu sirahna 
> dicalikan 
> ku Si Pincang. Syech Maulana Mansyur pupus di Cikadueun, Pandeglang, Banten 
> sarta dimakamkeun diditu taun 1672 
> M





Poe Kemis, 23 Juni 2005, Tabuh 7:54:34 AM, Gunawan Yusuf, Salira Ngetik kieu:
  
  
> abdi kantos posting kinten sataun kamari ngenaan  sajarah Banten
> ti jaman Salakanagara, Sultan Hasanudin, kalebet Syech Maulana 
> Mansyuruddin Cikadueun, dugi ka Syech Nawawi Al Bantani, upami
> hoyong ke urang  pilarian heula 
 
  
> ----- Original Message ----- 
  
> From:  Lukman Hakim 
  
> To: [email protected] 
  
> Sent: Wednesday, June 22, 2005 5:47    PM
  
> Subject: RE: [Urang Sunda] Keramat Syekh    Abdul Muhyi
> Pamijahan, Tasikmalaya: ritual keagamaan dan prospeknya bagi   
> peng...
  

  
  
> Punten    Kang Kandar,     
  
> Gaduh    sejarah syekh mansyur anu makamna di cikaduen Pandeglang
> Banten, umpami teu    lepat mah jumenengna sami sareng syekh Abdul
> Muhyi di    Pamijahan.
====<diteukteuk, saluyu jeung atikan milist>=====
-- 
Best regards,
 durachman                            mailto:[EMAIL PROTECTED]
http://sg.f2.pg.briefcase.yahoo.com/dur74



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke