Kedah disimpen tarapti Kang. Ke sok aya peryogina geura.
 
Ieu geura aya nu ngawur. Dr Purwanto - UGM nerbitkeun buku "Sultan Agung". Dina salah sahiji bab nyebutkeun Sultan Banten ngadep mere upeti (tanda taluk?) ka Sultan Agung. Teu aya mana nu dimaksud Sultan Banten, teu aya nara sumber, teu aya waktuna....eta mah estu keur nunjukkeun Sultan Agung pangawasa pulau Jawa. Mun diantep cilaka, bisa dijadikeun referensi ku batur, siga nu enya kitu kajadianana. Kuring mikir naha perlu protes, naroskeun kumaha jejer nu benerna?
 
Tapi aya hikmahna keur ngeunteung diri. Geuning ari batur mah "cuek bebek" we mengkolkeun sajarah nu penting ngagungkeun manehna. Naaaaa ari urang Sunda, naskah Wangsakerta ge mani gujrud ditataroskeun.....ku Urang Sunda Sorangan!!!
Kadua jelas geuning, urang sunda kudu produktif narulis jeung nerbitkeun buku! Peun!
 
salam
JP

durachman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
karek kapendak, kang. Buku nu kuring cekel. ieu bukuna;

judul; Cerbon
Anu nulisna; Tim Yayasan Mitra Budaya Indonesia
Anu nerbikeunana; Yayasan Mitra Budaya Indonesiadan, sinar harapan



Poe Kemis, 23 Juni 2005, Tabuh 11:58 AM, Jalak Pakuan/[EMAIL PROTECTED], Salira Ngetik kieu:
 
> Antar karajaan aya tradisi silih ngawinkeun kulawargana. Ceuk
> kuring mah nu 100 urang Cirebon teh tangtu lain rahayat biasa tapi
> masih kulawarga karaton Cirebon. Ku kituna pasti beurat mun aya
> anceman kawas kitu mah.


> JP


> durachman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> judul buku=CHERBON
> penerbit=SH (?). Buku heubeul, kang. Asateh terbit taun 80-an.

> Tah geuning aya "benang merahna", kang. Condong soteh pedah di ancam.
> Rek ngalawan teu wasa da sadar kana kekuatan diri. Cirebon teu boga
> kekuatan militer anu rongkah singa mataram.
.....


Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke