Muhun tah kang leres pisan. Perkawis sajarah mah teu kenging di bengkok2keun. Kedah dileresken anu saleres-leresna. Saur abi mah perkawis sajarah mah perkawis anu berharga pisan. Upami eta tetep di antep aliasna urang teh ngabudayakeun budaya teu jujur bin bohong.
Muhun kanggo media wacana mah tiasa ngangge naon wae. Atuh upami aya anu kersa mah mangga ngadamel serat ka berbagai media pikeun di muat dina eta media cetak.
Cagg,
sakitu heula anu kapihatur,
Runa Inawan (Jajaka)
Bogor-Tasik
On 6/23/05, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Jalak, pami leres aya minat "ngagugat", sugan tiasa migunakeun rohangan resensi (asana sok aya na Media Indonesia, Kompas, PR, Republika, pokona mah sabisa2 media nasional). Pedar bae bukuna, kalemahan & kaleuwihanana. Komo ieu buku nonfiksi, hade pisan mun dikritisi bebeakan...
jk
On 6/23/05, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED] > wrote:Ieu geura aya nu ngawur. Dr Purwanto - UGM nerbitkeun buku "Sultan Agung". Dina salah sahiji bab nyebutkeun Sultan Banten ngadep mere upeti (tanda taluk?) ka Sultan Agung. Teu aya mana nu dimaksud Sultan Banten, teu aya nara sumber, teu aya waktuna....eta mah estu keur nunjukkeun Sultan Agung pangawasa pulau Jawa. Mun diantep cilaka, bisa dijadikeun referensi ku batur, siga nu enya kitu kajadianana. Kuring mikir naha perlu protes, naroskeun kumaha jejer nu benerna?
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

