Salam,


2. Perkara Tilem (ngahiyang)

ieu salah sahiji nu diguar ku kang Edi Nugraha nu ku si kuring

dikategorisasikeun ka Sunda Spiritual. lain pikeun ngecap, tapi ngan

pikeun nyieun peta baraya KUSnet. ngahaja dikitukeun sangkan mun perlu

perkara C, urang neangan baraya nu neuleuman widang C. Tilem atawa

ngahiyang ieu, atawa cara paeh, masih aya keneh kiwari jeung bisa

dilakukeun saha bae asal nurut ka protokolna, atawa upacara/saratna. ngan

teu dibejakeun kamari di kongress. kang Edi hayang nembrakeun soal eta di

KUSnet. mangga pisan. pikeun informasi ka balarea soal Sunda ti A-Z. sugan

ari rada apal jero mah, urang teh teu mawa karep sabisa-bisa jeung

sakapanggih sewang-sewangan nu hese neangan laratan ti karuhuna

----------

Aya jalma di Bogor ceunahmah bisa jampe

anu mirip - mirip ngahiang ngan dipakena keur

pertunjukan sulap wungkul


Jampe na kira - kira kieu :


Bismillah hirroman nirrohim


Durugdug turun - tumurun

Daragdag tinu Pangersa

Diluhur di payungan ku nu Agung

Dihandap di reksa ku Allah

Leus leungit

Leus teu aya



Wasalam,


A.Suhendi  

____________

mailto:[EMAIL PROTECTED]                       



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke