Assalamualaikum…

Alhamdulillah  tiasa ditepangkeun sareng sabagian
wargi kusnet/kisunda di kopdar sareng cupumanik (19
Juni 2005)… haturan ka sadayana…sanaos tos
kalamian…sim abdi nyuhunkeun di hapunten wireh dongkap
elat ari wangsul rurusuhan…..Nyanggakeun kutrat kotret
nu pamugi teu ngaganggu ‘topik’ nu nuju ‘hangat’ di
kisunda/urangsunda.

=====


Ulikan kasundaan:

Maehan panca indra !!!
Naha bisa? Naon gunana? jeung naha enya bet kudu kitu?

Panganteur

I

….Lamun keur pareng aya waktu…ti budak keneh tiap
malem minggu sok remen ngupingkeun pagelaran wayang
tina radio sawengi jeput, radiona cukup disimpen dina
anggel. Dina cariosan wayang golek di urang, lamun
palebah Semar Badranaya  [nu dina wayang mah disebut
Dewa kamanusan – teu aya dina aslina/mahabarata]
kacanir bangban  boh ditideresa, boh aya kabutuh/perlu
 sok midamel kawas dihandap ieu:

Rep sidakep sinuku tunggal 
mateni patang parkara   [maehan panca indra]
angilo paesan tunggal 
….terus ngagibegkeun awakna…
Nya nu asalna badega beuteung burayut bari ngomongna
ngalengis siga ceehan teh malih warni jadi Hyang
Ismaya… rakana/nu leuwih luhur/jago ti nungawasa
triloka Hyang siwa/Batara Guru…. 

Terus we bisa ngabebener pasualan di marcapada mampuh
nulung ka nu butuh nalang kanu kasusahan bari
nanjeurkeun bener.

II


…lamun pareng ngobrol jeung kokolot urang lembur
tangtung kampung jati dilelebah wewengkon sirna rasa
sok remen  dicaritaan yen cenah luluhur urang sunda
mah…Mahaprabu Pajajaran anu mulya …. dina mayunan
masalah nu sesah waktos ngaheuyeuk dayeuh ngolah
nagara teh sok mujasmedi museurkeun sagalana ka nu
mahasuci di kabuyutan. Eta teh tiasa kahontal ku sabab
Jaya Dewata (Jaya=tara keuna ku naas/gagal
Dewa=Dev=cahaya)  langgeng caang mampuh mendakan caang
dina caang nyumput[keun nafsuna kalawan] buni dinu
caang. Tapis ngalelebah (manah) rasa kongas katelah
Sang Pamanah rasa… nu kukitu teh langgeng kawartikeun
dugi ka ahir jaman janten Sang Siliwangi nu loba urang
sunda hayang/ngaku jadi seuweu siwina.

III

…Lamun pareng nanya ka Guru ngaji kumaha carana lamun
pas meunang ka susah atawa karerepet kupikir geus teu
kapikir ku akal geus teu kahontal terus hayang 
meunang tuduh kumah carana ??….ieu Guru ngaos teh
kalahka ngadongeng yen Sang rahmatan lil alamin
Muhammad Rasulullah tuladeun sadaya nu kumelip mah sok
tara naros ka nu sanes tapi ngaheneng nyuhunkeun
pituduh ti nu Maha Suci-nya upami NU Maha keresa Allah
swt marengkeun-teras sok lungsur wahyu ka mantenna
(Qur’an lungsur sakedik-sakedik dumasar sabab
kajantenanana). Dina  nuju ngaheneng kitu teh mantena
tara ‘mayunan’/’ngabibisani’ namung leres-leres
aslamtu … kumaha Nu maha suci wae… sanaos kantos
kajantenan Nabi  di’kritik’ ku Allah swt upami
ngalalangkungan Allah – kawas dina cariosan ngeunaan
ngawaler ‘case’ Ashabul kahfi- kedahna insya Allah
wae…kadieunakeun sok katingal cara kawas rasul teh
bijil ti ahliwarisna…..para ulama hakekat – lain nu
saukur disorban atawa lekoh arabna- tapi Satmata nu
jadi pananyaan/panyaluuhan gunung pananggeuhan somah. 

III

Urang ge sapopoe….

….Lamun pareng meunang kasusah atawa ditanya  nu urang
teu apal/ diluar kamampuh pikir jeung akal sorangan
…sok reg ngaheneng…..cicing heula ngan saterusna
kumaha kamampuh na …..aya nu jadi kabingung, aya nu
jadi nyerah bae, aya nu jadi ngarasula, ay anu teu
bisa sare, ay a nu jadi leuleus …aya nu nanya ka batur
deui.. timimiti ka konsultan nepikeun ka
pananyaan..nepikeun kanu gaib-gaib...nu can tangtu
salah/benerna…. Padahal pan nanya jeung menta tulung
mah kudu ka Allah ???? …naon buktina yen meunang
pituduh ti Allah lain ti setan ??

Malah loba nu lamun ngaheneng teh terus jadi ngahuleng
kawas nu gelo …nu bisa jadi ku lantaran stress/depresi
bisa oge jadi siwah…kabawa ku sakaba ..kaba… teu eling
ka temah wadi.

IV
 … Kabeh caritaan diluhur beda sumberna jeung
beda-beda cara nyaritakeun katut ‘penekanannana’ tapi
lamun ku urang ditilik bakal katingal aya ‘benang
merah’ nu sarua dina hal menta kamampuan/tulung diluar
kabiasaan sapopoe nu ngagunakeun akal/pikiran
mungkul…eta ge lamun pareng meunang kasusah/kabutuh.
Nu sabenerna cenah mangrupakeun ulikan nu masagi
(salah sahiji cirina empirik) nu puguh parameterna,
teori reujeung praktekna dina pustaka  di alam SUNDA. 


V

Wah…siah…Naha enya ????…Kumaha carana ??  naha kunaon
bet aya hubungana jeung maehan panca indra??? naha
bisa? Naon dasarna? Boa-boa ngawadul mungkul !!!! 

=====
Upami pareng Insya Allah urang teraskeun kapayun etang
etang ngaramekeun ku cara ngintunan dongeng kampung.
Tawis sillaturahmi bae….. Haturan….sun.
====

 
Baktosna
Eddy Nugraha


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke