Tiap unggal bulan juni di Batawi aya karian gede anu matuh mah nyaeta 
Pekan Raya Jakarta atawa Jakarta Fair minangka na mah jang ngareuah-
reuah milangkala kota Jakarta. Tempat na di bilangan kemayoran di 
arena PRJ. mun aya PRJ sok dibarengan ku nu daragang kerak telor mun 
dihaja-haja mah hese neangan tukang kerak telor, ari kerak telor teh 
tina beas ketan nu digoreng dicampur jeung endog terus dipurulukan 
parud kalapa.

Kamari pas kabeneran lewat ka kemayoran nyisi heula ka trotoar 
ngahajakeun meuli kerak telor, bari ngadagoan teh sok tatanya ka si 
emang na kajen ngaganggu ge da si emang na ge someah jadi teterusan 
pancakaki, "Asal dari mana mang" ceuk kuring teh. " Saya mah urang 
sunda ti Garut", "Eh salembur atuh mah ari kitu mah". ti dinya mah 
ngawangkong weh uplek nepi ka beres si emang ngalayanan kuring nyieun 
kerak telor.  

Maneh na teh ka Batawi aya nu ngajak dagang kerak telor ampir 
salembur maneh na ngadon daragang kerak telor mawa barangna dagangan 
na ge aya kena 2 treuk na, maneh na ngahajakeun salila sabulan mah 
jauh ti kulawarga cicing/sare di posko deket PRJ, mayaran unggal poe 
2rb kanu ngajakna kira2 aya kana 200 urang na di posko teh.

Sajalan-jalan balik, mikir geuning lain nu jaregud hungkul nu meunang 
untung ti ayana PRJ teh cacah ge bisa ngarasakeun sanajan ukur 
sabulan.

cag ah

ewing
garut lembur kuring







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke