Baraya,
 
Hampura ka sadayana, ti sarengsena kongres di dapur Cupumanik, si kuring karek ayeuna deui bisa posting ka milist urang. Sakalian bae ieu posting munggaran sanggeus sababaraha poe ngadepong teh bari nepikeun iber hiji sawala (seminar) anu lumayan ceuk rarasaan mah kacida pentingna.
 
Enya, sakumaha geus kungsi dipostingkeun ancer-ancerna, sawala anu jejerna "Pembangunan Berbasis Budaya Sunda, Revitalisasi Nilai-nilai Budaya Sunda dalam Pembangunan Daerah" teh baris jadi oge dilaksanakeun (mun teu aya halangan pisan anu nepi ka ngabolaykeunana).  Iber salengkepna di handap ieu sakaligus ngarupakeun uleman ka sing saha bae anu aya seja ngaluuhanana:
 
Uleman
 
Seminar /Sawala "Pembangunan Berbasis Budaya Sunda, Revitalisasi Nilai-nilai Budaya Sunda dalam Pembangunan Daerah"
Waktu   : Saptu, 25 Juni 2005, pk. 08.00 - 16.00
Tempat  :  Hotel Grand Pasundan, Bandung
Anu biantara, diantarana: Kang Ajip Rosidi, Abah Surya (anu ngaguar), sareng anu sanesna ti rengrengan inohong ahli sajarah, antropologi, kabudayaan, perencanaan pembangunan, jrrd.
 
Ieu sawala teh gratis, namung ka anu bade nyumbang kalintang ditampina kalawan baris dipaparinan buku ti Sekda Prov. Jabar. ngeunaan pembangunan daerah Jabar.
 
Kanggo konfirmasi, mangga hubungan bae ka panitia, Kang Ira, ieu no hp-na: 081321780836.
 
Cag sakitu bae heula.
 
Baktos,
manAR 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke