Kormod ( Korban mang Emod )
Di terminal Cicaheum mang Emod geus anyeucleu dina angkot jurusan Ciroyom. Teu kungsi lila sulusup aya awewe duaan asup, gek diuk pas pisan hareupeun mang Emod. Beungeut mang Emod ngadadak ngalies lantaran nu diuk hareupeun teh make erok pondok senting pisan, katambah erokna  nyoropot kaluhur, aya kana dua jengkal mah nyoropotna tina tuur. Saleuheung mun ngeplak bodas mah, da ieu mah bleg we kawas bujur seeng, sareretan mah enya katingali bodas da make stoking, ngan tetep we ari ceda bisul jeung borokna mah katingali ngalangkang.
 
Ari nu saurang deui make calana panjang, ngan palebah beuteungna ngaliglag da make kaosna rada merecet tur ngatung kaluhur. Atuh puguh we bujalna anu rada dosol sangorong sagede jendolan bonang, lamun kaparengan ngarenghap bujalna siga anu ngarenyohan.
" Gila hareudang amat yah, padahal di Ciburayot mah ngak ginih ginih amat !" ceuk nu make erok senting. Dampal leungeuna kikiplik dipake gegeber.
" Iyah kawas di jakarta ajah !" tembal baturna  Ningali kitu mang Emod surti, sor ngasongkeun koran, pamikirna sugan we ari dibere koran mah teu pakupis teuing leungeuna.
" Makasih !" pokna bari nampanan koran, terus dipake gegeber. Mimiti mah gegeberna teh di sekitar wilayah dada, lila-lila jadi nyorosot kahandap, ngageberan palebah tuurna.
" Heuheuy...beh na mah hareudang kajero-jerona !" gerentes man Emod bari nyenghel. Dasar mang Emod tukang heureuy, teu hujan teu angin ujug-ujug celengkeung we nanya ka nu make erok sauted.
" Neng tos terang guha Jepang ?" pokna bari melong anteb.
" Teu acan mang, nya dimana kitu ?"
" Ari itu !" ceuk mang Emod, bari nunjuk ka palebah sela-sela tuur manehna. Nu dierok sauted ngarenjag, buru-buru  ngarekepkeun sukuna, atuh ngageberna ge pindah kaluhur deui.
 
Lila lila mah panumpang angkot teh euyeub, sisi pada sisi geus pinuh, kaayaan tambah hareudang wae kawantu keur tengah poe jentrang jentring. Ngan edas ari geus der ngetem teh, angkot mah sok  pikakeuheuleun panumpang, sakitu geus padedet, pajarkeun teh can jangkep.
" Punten sajalmi deui, geser...geser...!" ceuk supir angkot, ngomong sunda tapi logat batak. Dumadakan nungguan panumpang saurang ge lila pisan, atuh puguh we anu gegeber dijero angkot teh beuki rea wae, komo anu make kurudung mah siga nu ripuh pisan, leungeun katuhu kikiplik kukipas leutik, leungeun kencana gegetret kana sirahna,  renyem  ku katombe sigana mah. Enya sok hayang seuri ari hulu dikekeben ku karudung, ari beuheung cena tembong, behna mah meh katingali make kongkorong, gedena badis rante pajingjing kueh regal. Komo ningali palebah leungeun jeung sukuna mah, leungeuna pinuh ku geulang koroncong atuh sukuna make gengge, bleg we toko emas keliling.
 
" Jurig...bau kelek saha ieu teh ?" ceuk mang Emod bari ungas ingus kakenca jeung kakatuhu. Awewe nu make baju lekbong, kaparengan diukna kencaeun mang Emod siga nu kaisinan, terus irungna ungas ingus ka palebah kelekna.
" Na da nu abdi mah teu bau mang, nembe pisan nganggo reksona roll-on !" Kitu deui nu belah katuhu, saurang ibu ibu, potongana mah siga istri pajabat eselon hiji, buukna digelung, sinjang dilamban, make kabaya bungur, diimplik-implikan kacamata hideung badag. Teu pati malire, jongjon we gegeber ku salindangna.
" Beu ieuh istri pajabat bet nyasar kana angkot !" hate mang Emod noroweco. Enya pantesna dandanan samodel kitu mah nyelegon dina jok bebiben, ngan meureun bebibena mogok, nya kapaksa naek angkot da meureun bisi dikocok manten arisana.
" Haling ah nek pindah ka angkot tukang !" ceuk mang Emod bari  tuturubun kaluar, panumpang sejena ngan bati olohok. Heuleut sababaraha menit, saurang panumpang nu naek dina angkot tukang, gura giru pindah kahareup.
" Geuning ngalih kapayun, rusuh panginten nya ?" nu gigireun manehna nanya
" Sanes rusuh rusuh teuing matak ngalih kadieu teh !" jawabna
" Nya kunaon kitu neng ?" ceuk panumpang ampir bareng.
" Itu jalmi nu ngalih ti angkot ieu, sugan mah teu acan ibak....teu kiat bauuuu !"
 
Beu ari mang Emod, era ku ceuli anu ditindik tur make anting-anting, era ku tato naga anu ngajeblag dina leungeun, era ku kumis anu baplang, sihoreng awak bau tujuh rupa da jarang mandi.(SR)
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke