Euleuh, atuh Mama ManAR teh tokoh Kunci di KUSnet panginten: Tokoh 
Kuningan Ciamis ... :)

Maos perkawis pareumeun obor, Sunda mah sigana teh kalebet seler nu 
ngagem mazhab kulawarga pondok panginten nya? Teu cara seler sejen 
nu kadangkawis ngajaga silsilah kulawarga nepi ka karuhun 
pangtebihna, US mah biasana mung tilu generasi aki-bapa-anak bapa 
(incu). Saluhureun atanapi sahandapeun ieu mah tos we sesah 
maluruhna. 

Tapi duka da ieu mah saka alias teu apal teteorian antropologi kitu? 

baktos
y 


--- In [email protected], oman abdurahman wrote:
> Miluan nya...ceuk kolot, cenah si kuring oge aya bibit buit ti 
Kuningan, ti lebah Linggarjati puguh ge. Malah mah kuburan aki ti 
bapa teh nya di Linggarjati pisan. Puguh rada pareumeun obor kawantu 
pun bapa teh dilahirkeun jeung gede di Ciamis; pon kitu deui pun 
aki. Aki teh bisa disebutkeun sabagean gede tina sapanjang 
jumenengna dumuk di Ciamis, ngan - geus kitu kuduna, asup kana 
babasan muncang labuh kapuhu, kebo mulih pakandangan, mangsa mulih 
ka jatina, samemehna mulang heula ka Linggarjati.
 
> Aeh hampura dulur, bet nyaritakeun /pancakaki kulawarga sorangan 
ieu teh, bane bae teu mustahil si kuring meunang raratan kulawadet 
ti aki anu rada pareumeun obor ngaliwatan ieu milist. 

>  Ngeunaan ngaran "Lingkar Nurindang" sigana maksudna leuwih nyoko 
kana: buleudan (=pakuat-pakait, asal-usul, rawayan), nur (= cahaya) 
jeung indang (tina "inang" = indung?) tinimbang muteur ngurilingan 
anu "rindang-rindang" (caringin) mah. Sigana kitu oge.

>  Baktos,
> manAR





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke