Baruk, leres eta teh kang kin's. Berarti henteu beda jauh nya sareng dina film2na. Kantos abdi nongton salah sawios film korea. Dina film eta teh dicaritakeun budak salah sahiji anu gagaduhan Hotel digawe henteu dina jabatan anu pangluhurna tapi jadi pagawe biasa. Malihan gawena teh nu sok tukang angkat2 barang. Basa ningali film ieu meni resep, resep ningali ku babarengan jeung kakompakanana. Sampe abdi mah harita gaduh niat hoyong damel di hotel da kabita ku aktifitas/kagiatan pagawe2 hotel. Tapi da teu mungkin, moal enya nu ditiung mah da can tangtu ditarima. Malihan cenah kudu dibuka tiungna ari palebah gawe mah. Tapi eta mah saukur impenan.Dugika ngabayangkeun mun ditarima terus ditempatkeun di bagean dapur babantu juru masak, kokina. Cekeng teh teu nanaon, da kapungkur ge damel teh henteu tebih dina nu kararitu nyaeta jadi pelayan tuangeun. Emut mun harita damel jadi pelayan dina kaayaan naon wae ge kudu tetep we ningalikeun seuri, da ceuk paribasana oge ari
nu meuli mah raja nya jadi kudu dibageakeun saalus alusna.
Cag ah, punten nya ieu teh kalah ngadongeng pangalaman.
Salam,
Neng Iva
mirajul muttaqien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Isuk keneh wanci teh, jarum jam karek nunjuk kana angka 9:15 menit. can kungsi 2 jam gawe teh, kurunyung budak direktur datang. rapi tur geulis meuni nyari da puguh masih gadis keneh pokokna matak kayungyun da mun seug urang sunda mah sigana kuring ge bakal bogoh....saba'da salam Korea (Anyonghaseyo...) manehna terus asup ka toilet, sugan te mah rek naon barang saleretan di tempo geuning manehna keur nyikat WC (alias beberesih...). beu ceuk pikir kuring... "kieu budak direktur di Korea mah", teu kenal gengsi pedah budak direktur, nu penting no wahid mah ceunah KEBERSIHAN. sigana urang nu ngaku Islam ge eleh palebah dinya na mah.sok geura titenan jalma di urang, sumawonna manehna budak direktur nu boga perusahaan, mana teuing daek meresihan WC. tapi da ieu mah di Korea geus sering pisan kuring nyaksian hal sarupa kieu teh. kumaha ari urang sunda nya? daek kitu budakna direktur siga kitu? naha moal gengsieun kitu? ach.. pokokna mah bener-bener picontoeun pokokna mah, sok mangga taroskeun ka Ua Siddik, atanapi Kang Yaya geura pasti sami jawabanna loba pisan pienteungeun hirup di Korea teh..cag ach.....Kin's
Discover Yahoo!
Stay in touch with email, IM, photo sharing & more. Check it out!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?>---- HM ADS ?>
Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

