|
Ping 24-06-2005, ninggang dina dinten jum'ah wengi
dongkap ka Serang, Banten, sareng punbojo kalih palaputura abdi, Pa Siddik, Ibu,
sareng putri-na, lajeng ngawengi di rorompokna Kang Asep Hendra (rakana Kang
Hendri Mulyana tea, nu juragan epson ti Cikarang, nanging sanes wargina Mulyana
W Kusumah), kumargi rorompok abdi mah alit hawatos ka Pa Siddik, lajeng dinten
saptuna, rombongan jemaah nguseup nyaeta Pa Siddik miwah istrina & putrina,
Kang Hendri, Kang Asep Hendra, Abdi, Kang Ridwan (ieu rerencangan damel abdi),
wargina Pa Siddik, angkat ka Pelabuhan Karang Hantu, Serang,
Banten.
Di Pel Karang Hantu, numpak kapal motor, ka laut
jawa ngajugjug perairan pulo tunda caket kawasan pulo seribu, lamina perjalanan
teh kirang langkung 2 jam, alhamdulliah sadaya nu nguseup teh kenging lauk, kang
Hendri mah kungsi kenging 2 lauk barakuda sakaligus, ngan abdi mah teu kenging
hiji-hiji acan kumargi ..............mabok laut tea, atuh sajajalan teh ngan
ngagoyey.....wae.
Kinten tabuh 5 sonten rombongan tos mulih ka
pelabuhan karang hantu deui, bari nyandak hasil useup tea (abdi mah harita masih
leng-lengan keneh), malihan dinten mingguna rarieut deui (panginten
kena vertigo tea), lajeng Pa Siddik saparantos ngajajap ka rorompok anjeuna
mulih deui ka Bogor margi enjing mingguna bade aya kopdar tea di rorompokna,
sareng Kang Hendri mah mulih ka Cikarang
Tah sakitu heula laporan nguseup di Serang, Banten
tea, upami wargi kusnet aya nu minat nguseup di laut, urang carioskeun deui
kapayun.
wassalam
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id ---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?> YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] Laporan Hasil Nguseup di Laut Jawa Gunawan Yusuf
- Re: [Urang Sunda] Laporan Hasil Nguseup di Laut Jawa Jalak Pakuan
- Re: [Urang Sunda] Laporan Hasil Nguseup di Laut Jawa Gunawan Yusuf
- RE: [Urang Sunda] Laporan Hasil Nguseup di Laut Jawa Lukman Hakim
- Re[2]: [Urang Sunda] Laporan Hasil Nguseup di Laut Jawa durachman
- RE: Re[2]: [Urang Sunda] Laporan Hasil Nguseup di Laut ... Lukman Hakim

