Kusnet Nguseup Kleub?.......resep dangu wartos na mah, tapi kuring mah paur boa-boa antimo ge teu teurak nya dirieugkeun laut mah. Sanes waktos wawarkeun atuh pami bade nguseup deui, sugan KNgK rame....ari kuring mah biasa lah, nyegat muntah we, ngantosan laukna heu...heu.....(ari di laut kaci teu ngecrik?)
JP
Gunawan Yusuf <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Gunawan Yusuf <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ping 24-06-2005, ninggang dina dinten jum'ah wengi dongkap ka Serang, Banten, sareng punbojo kalih palaputura abdi, Pa Siddik, Ibu, sareng putri-na, lajeng ngawengi di rorompokna Kang Asep Hendra (rakana Kang Hendri Mulyana tea, nu juragan epson ti Cikarang, nanging sanes wargina Mulyana W Kusumah), kumargi rorompok abdi mah alit hawatos ka Pa Siddik, lajeng dinten saptuna, rombongan jemaah nguseup nyaeta Pa Siddik miwah istrina & putrina, Kang Hendri, Kang Asep Hendra, Abdi, Kang Ridwan (ieu rerencangan damel abdi), wargina Pa Siddik, angkat ka Pelabuhan Karang Hantu, Serang, Banten.Di Pel Karang Hantu, numpak kapal motor, ka laut jawa ngajugjug perairan pulo tunda caket kawasan pulo seribu, lamina perjalanan teh kirang langkung 2 jam, alhamdulliah sadaya nu nguseup teh kenging lauk, kang Hendri mah kungsi kenging 2 lauk barakuda sakaligus, ngan abdi mah teu kenging hiji-hiji acan kumargi ..............mabok laut tea, atuh sajajalan teh ngan ngagoyey.....wae.Kinten tabuh 5 sonten rombongan tos mulih ka pelabuhan karang hantu deui, bari nyandak hasil useup tea (abdi mah harita masih leng-lengan keneh), malihan dinten mingguna rarieut deui (panginten kena vertigo tea), lajeng Pa Siddik saparantos ngajajap ka rorompok anjeuna mulih deui ka Bogor margi enjing mingguna bade aya kopdar tea di rorompokna, sareng Kang Hendri mah mulih ka CikarangTah sakitu heula laporan nguseup di Serang, Banten tea, upami wargi kusnet aya nu minat nguseup di laut, urang carioskeun deui kapayun.wassalam
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?>---- HM ADS ?>
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]

