asa aya nu can cacap. diantarana
- basa na angkot, bujur uing baseuuuuh, duka teuing cai naon.
- basa ucapan "selamat datang" ti gogog anu ageung pican. meni cieun ujang :'(
- basa dahar jengkol, mun teu era mah rek diberesihan da,
- basa tibelesek kana leutak ditukangeun imah wa sidik, he..he..he
- jeung sajabana.
On 6/27/05, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nambihan ah...Abdi nembean ngiring Kopdarna urangsunda, kasimpulan sim uing:
- Geuningan baraya bogor teh aranom keneh nya? Alhamdulillah geuning teu sadayana nonoman Sunda poho kana kasundaanna, padahal abdi mah tos skeptis da.. Enya ningali di lembur kuring, tutugan gunung Tampomas, da geuningan lain budak ngorana wungkul nu eraeun mun katingali urang Sundana teh, punten upami over generalisir, ieu teh pangalaman sim kuring waktos sababaraha minggon kamari mulih ka Sumedang, kuring ti cileunyi naek angkot 04 jurusan Terminal Ciakar-Cileunyi, saentos cadas pangeran angkot teh aya nu nyegat, reg angkot eureun, sup arasup dua urang jalmi tengah tuwuh.. mani aruplek ngobrol. Sanes basa Sunda nu diaranggona teh mung basa Malayu ngangge logat Sunda.
- Resep ningal (muhun ngan ukur tiasa ningali abdi mah) kana padungdenganna rerencangan sadaya dina ngigelan jaman kanggo kamaslahatan Sunda, ngobrolkeun Waruga Jati, situs Ciburuy, Arca Domas jeung rea-rea deui
- Nu pangpentingna, Tuang siang sasarengan duh mani nikmat pisan, Sangu direncangan ku goreng lauk emas (?), tapi asa-asa da paranjang jiga nilem, teu hilap sambel kecapna, aya daging has korea duka tah naon namina mah, bihun goreng, cumi, capcay (kitu?), sareng teu hilap rencang sangu nu mun teu aya can cacap janten urang Sundana "Jengkol"... janten punten ka baraya sadaya upami WC dinten ayeuna bararau heu heu heu oge postingan ti baraya bogor ting hiliwir bau Jengkol heu heu heu heu heu
Tos ah ngacaprukna.. CAG
On 6/27/05, Runa Inawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waalaikumsalam Wr. Wb.Nambihan dongengna.
--
Baktos,
Dudi Herlianto
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

