Aya deui yeuh...nu ieu mah bener2 kaalaman ku kuring sorangan, kieu
geura :

Zaman baheula karek lulus ti smp, kuring biasa begadang tiap malem
minggu, sabari ngabubuy hui, ngaliwet, milu ngaronda, nyingsieunan nu
ngaronda, ucink sumput, nyingsieunan nu ngaliwat, noongnu keur
bobogohan,...naon bae we lah...abeger..

Pas harita kajadian teh kuring cs keur ngabubuy hui deukeut kebon. Keur
jongjon nungguan hui na asak, bari ngawangkong kamana mendi jeung rada
nundutan...ari ceuleungkeun teh aya sora nu seuri nyikikik tarik
pisan...hihihihi...persis sora tante kiki...

Gebeg...kuring cs reuwas kabina-bina...antugna replek...aya nu ngabecir
lumpat teuing kamana, aya nyuksruk nyumput ditukangeun tembok, aya
moyongkod dijuru bari ngadegdeg, aya nu luak lieuk neangan asal sora
nyikikik bari...

Kuring harita keur nyekelan bedog urut meulahan hui...sarua reuwas terus
replek malikeun awak bari masang kuda-kuda nyanghareupan kana asalna
sora tadi...siga jawara siap tanding ngan ieu mah ngadegdeg...

Teu lila kadenge sora jelema ngabarakatak seuri jeung siga nu ngeunah
pisan seurina teh...beda jeung sora nu saencanna...torojol teh ti kebon
kang Tedi jeung babaturan nu keur ngaronda...maranehna seuseurian sabari
nyekelan beuteung...baruk...gening kuring cs di jailan ku maranehna
euy...

Malem minggu nepi ka isukna, kuring saparakanca beak dikekeak kunu
ngaronda...







-----Original Message-----
From: Akhmad Gunawan [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: 28 Juni 2005 13:49
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] jurig

Ieu mah basa harita keur ngaranda eh eh ngaronda ari
hiliwir teh ayu anu ngadupak kana irung terus kuring
nanya Dun maneh hitut, henteu jawab si Adun sugan
maneh Do, henteu jawab si Dodo, atuh ari euweuh anu
ngaku mah sugan JURIG kitu anu hitut teh na ari
celetuk teh titukangeun sok sangeunahna bae ari
nyangka kabatur teh kuring oge henteu ceuk JURIG.

---WAG---
 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke