Lamun arek mah nyusun buku dimaksud dina lebah babagian bab teh kumaha upama nyoko bae kana 7 gundukan babagean kabudayaan sakumaha anu umum ti Kuntjaraningrat. Upama digolongkeun ka nu 7 ieu, usulan ti Kang "Kamalinaan" (hehehe...MJ lain?) meureun sarupa kieu:
 
1. Sistem religi (agama, kapercayaan, cecekelan hirup, jeung anu sarupa)
2. Sistem Kamasyarakatan (ekonomi, politik, kamasyarakatan)
3. Elmu Pangaweruh jeung Teknologi (kaasup falsafah elmu, jeung sababaraha elmu2 anu disebut di handap)
4. Basa (kaasup sastra)
5. Kasenian
6. Lingkungan (arsitektur, adat istiadat dina hal kadaharan, anggoan, jeung lingkungan fisik sejenna; ngeunaan kampung adat, upamana, aya di dieu oge geografi)
7. Sajarah (kaasup filologi)

Upama ngagolongkeun eusi siga di luhur, judulna meureun kudu nyoko kana budaya, nya saperti judul: "Buku Pinter Ngeunaan Kabudayaan Budaya Sunda" . Anu penting dina nyusun buku, cenah, nyaeta : "formula" jeung "format". Formula: naon anu jadi ugeran eusi buku, naon anu khas tina buku jeung kumaha nyusunna, karakter buku anu mandiri. Format biasana nuturkeun kana formulana.
 
Cag heula bisi panjang teuing, ongkoh karek sakali nyusun buku anu tepi ka diterbitkeun mah, kitu ge keur barudak SMP.
 
Baktos,
manAR
 
On 6/28/05, kamalinaan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

sabenerna buku katilu teh geus lila jadi implengan. buku ieu mah
hayang rada sarius. eusina, siga BUKU PINTAR SUNDA. ngeunaan A-Z
Sunda. kahayang mah, unggal jejer aya, sanajan ringkes, dua puluh
kaca. jadi mun aya 10 bagean, nya jadi 200 kaca.

BUKU PINTER SUNDA
daftar eusi
1. sajarah ringkes, dina henteuna nulis badagna sajarah Sunda ti
baheula, nepi ka ayeuna. make silsilah raja jeung karajaan. bukuna
nya nyuplik ti nu kang Yoseph Iskandar atawa sumber sejen.
2.bahasa
3. agama kapercayaan
4. filsafat/aturan hirup
5. antropologi ringkes.
6. geografi
7. sastra
8. tradisi
9. kasenian
10.jrrd

atawa jejer naon bae nu rada badag. cing saha nu sanggup ngagarap
sabab ewang. ke geus kumpul, di edit, terus dicitak.


--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Barayaw, ti saprak uing abus ka ieu milis, KUSnet can kungsi deui
nyusun
> buku. Duka aya patalina duka henteu, tapi da asa pamohalan aya
patalina,
> tapi duka ketang...
> Kungsi ketang, baheula, jaman Uwa Sas dilebuan, eh, di Surabaya,
pancen teh
> geus dibagi2 ka sababaraha urang milisi, sina nyimpen arsif
surelek, saurang
> sabulan. Ngan kusabab tongkat komandona ragrag duka di mana, si
Uwa teu bisa
> ngomando deui, ongkoh paciweuh pindahan ti Sby ka Bdg.... Tah, ku
kituna,
> kuring usulan, kumaha mun KUSnet nyusun deui buku? Satuju teu? Nu
teu satuju
> ngacung!
>
> jk
> nu boga pancen baheula, arsifna disarimpen keneh teu? Nu bagean
kuring ge
> teuing teu aya teuing euweuh...





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke