nyao ah, uing teu diajakan, rek pundung waeeeeeeeeeeeeeeeee nyaan na 
ge

~ipup~

--- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> indit isuk-isuk ti rajamantri jeung kang Soni Wanara Rosa (wanara 
ti game
> ciptaanana nu make basa jeung musik sunda tea). ngahaja cuti cenah.
> vespana di titip di gigireun imah. mobil teh nu Telkom kumplit 
jeung kang
> Wahya, pilotna. beunang nambut si Ua Sas ti kang Mamat Rachmat 
Jajaka eta.
> 
> ari si Ua Sas na mah geus ti poe Salasa ka Subangna teh. kana umum. 
gejlog
> cenah kamer hotelna, nya mandiri we, ceuk si ua teh. nyewa kamer 
hotel
> sorangan di Panglejar. keur dijalan di SMS kang Hawe, nyimpang ka 
Mangle
> cenah, jemput Bah Duduh Durahman. nya ka Mangle, kabeneran si Abah 
aya
> keur maca koran. kanu can apal, Bah Duduh (60an langsung yuswana) 
teh siga
> Sir Conan Doyle atawa Agatha Christie. pangarang detektif khusus 
basa
> Sunda nu teu aya bandinganana. di Cupumanik, make sandiasama Radian
> Prasetya.
> 
> rencana awal mah, Bah Surya oge kang Oman bakal milu. tapi sukur, 
kang
> Oman oge meunang kijang ti kantorna. abah Surya bareng kang Oman 
jam 8an.
> 
> kang Hawe di sampeur di Ledeng.
> 
> --------------
> nepi ka komplek pemda, geus nyampak sasaha. pendak kang Adang S, 
pangarang
> nu asalna tangtara tea (ayeuna ngokolakeun Caraka Sundanologi, 
tempat
> pikeun diajar ngarang basa sunda asana mah). oge kang Cecep ti 
Tribun
> Jabar, kang Rahmat Taufik Hidayat, ti Kiblat buku utama. oge Darpan.
> tiluanana ka SUbang poe Salasana. Darpan teh moderator sesi acara 
Basa
> Sunda dina TV (Us Tiarsa di Bandung TV) jeung basa Sunda dina 
Internet (si
> Ua Sas).
> 
> KUSnet kabagean di Rohang D, di gedong keuangan lama, di komplek 
pemda
> Subang, kabupatan cap danas tea. pas asup ka rohangan eta, salaku 
desainer
> interior -bari jarang meunang proyek- muji rohanganana di desain 
serius.
> bedul teh, ACna ngan aya anginna wungkul, Freona mah beak sigana. 
da Ac
> hurung salima-lima, tapi rohangan panas. jadi kongress bari sauna. 
haha.
> 
> si Ua Sas midang nyaritakeun KUSnet oge YP. dibere waktu 30 menit 
bari
> demo saeutik perkara karya kang Dian Nugraha di Karlsruche Jerman 
(nuhun
> kang!) nu ngomputerkeun aksara Sunda tea. matak helok kabeh nuhadir.
> ongkoh kontingen KUSnet sigana panghebringna presentasi teh. da make
> infokus jeung laptop sagala. asana nu sejen mah teuing. kang Bana G.
> Kartasasmita, PhD -dosen matematika ITB- biasana mun seminar make 
infokus
> laptop, tapi duka tah di kongres ieu mah teu kaburu katoong.
> 
> acara KUSnet teh paralel -bareng jeung acara bah Duduh di gedong 
sejen.
> acara KUSnet kaitung hade sabab aya tenjoeun, katerangan dina layar 
tina
> infokus tea. nuhun ka kang Soni oge risti.
> 
> aya acara tanya jawab, hanjakal  saeutik da muru waktu.
> 
> -------------------
> 
> pendak jeung Godi Suwarna, panyajak basa Sunda urang Ciamis. 
ditalek, naha
> eta jalan ti Panamun jadi Puspa Lubis? manehna teu bisa ngajawab. 
jalan ka
> imahna di Ciamis ngarana eta. apal pisan si kuring sabab beh ditueun
> imahna teh markas kuring keur SMA. tapi makalah GS lucu pisan. haha.
> tadina rek di scan tapi teu purun/scanna euweuh/teu resep nyeken 
tulisana
> mah kudu diedit deui/. bisi loba teuing ongkoh.
> 
> kang Acep Zamzam Noor, Sarabunis Mubarok, Hadi AKS nu pangling, oge 
kang
> Cece Hidayat guru basa Sunda SMP 13 (jl. mutiara bdg).
> 
> beres acara si Ua, ceuk si Ua aya sepuh nu nyampeurkeun ngajak 
sasalaman,
> sae, cenah. sihoreng eta teh kang Wahyu Wibisana. salah saurang 
sastrawan
> sunda kahot.
> 
> ----------
> si Ua Sas helok basa geus beres presentasi. dibere amplop. 700 
rebu. nya
> dipake we meser oleh-oleh danas simadu. pikeun nu samobil. sesana 
rek
> dipake meuli CD kosong pikeun ngopi program Aksara Sunda kang Dian
> Nugraha, game kang Soni W. Rosa, jeung nu sejena. rencana mah eta 
CD teh
> rek diselapkeun dina majalah Cupumanik edisi Agustus. nyebarkeun 
program
> KUSnet kasasup nyebarkeun aksara sunda pikeun dina komputer oge gim 
basa
> sunda tea. teuing bari sakalian dina raraga 60 taun indonesia 
memerdekaan.
> 
> --------------
> 
> eh, aya istri sapantaran make helm (kerudung) nyampeurkeun. rarayna 
mah
> wawuh, ngan eta ngarana poho deui. nu inget teh aya T jeung E. 
bener,
> Tetet. babaturan sakelas di SMA. manehna kuliah di Basa & Sastra 
Sunda
> Unpad. ayeuna jadi PNS di diknas Kab. Ciamis. nuhun ah geus panggih
> sanggeus belasan taun pisah. manehna utusan ti dinas diknas Ciamis.
> 
> geus heula. ke si Ua sugan kaburu nginternet make telkom instant. 
hehe. si
> Ua pangsiun, internet haratis teu aya da dikantor. hehe
> 
> mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal
> [EMAIL PROTECTED]




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke