Pami teu lepat dina PR pas dina poean eta aya tamu investor ti China janten Gupernur kedah maturan Menkoekuin (A. Bakrie). Tangtos jadwalna padet, jeung tangtos kedah konsentrasi panginten sabab investor ge penting keur masarakat tatar sunda. Atuh mun teu bisa ngabuka acara, nutup acarana? Da asa teu kurang pentingna nutup acara teh sabab nutup acara teh bisa nyaho kasimpulan jeung usul lajuninglaku. Komo mun Gupernur ngabekelan hadirin ku ajakan gawe bareng, metuskeun rencana naon nu rek dilakukeun ka hareup, asana nu hadir ge sugema jeung sumanget nincak kahareup.
 
Punten ah dinten Jumaah tos luar leor, tapi ieu mah niatna mepeling ka diri sorangan jeung ka urang balarea, ke mun enya jadi pangagung kudu panjang mikir. Maca laporang MJ jeung Ua Sas plus warta ti PR nyaan kuring asa miluan KBS kamari.
 
Salam
JP
(Sok emut mun Kusnet Jakarta ngayakeun kopdar,..........).
 

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kamana juragan gubernur teh, geuning teu aya di
kongres Basa Sunda VII?
Lima taun deui teu acan tangtos tiasa ngahadiran deui.
Sigana aya acara penting pisan, sahingga teu aya
waktos ngabuka KBS. Atawa ciciren gubernur ayeuna teu
aya perhatian kanu sabangsaning budaya/basa Sunda?


baktos,

mrachmarawyani


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke