Title: Message
nyaan eta mah pasti moal bisa poho pangalaman teh.
Sanes keom deui eta mah kang, ngabarakatak.....
abdi dugi ka di taros ku si bos, naha ceunah seserengehan
sorangan ..........  Ari si kang cecep mah aman, da katutupan
ku monitor jadi teu katohyan.....
 
ks
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Yayan Mulyana
Sent: Thursday, June 30, 2005 1:59 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Adegan film Indonesia 'Jaman Baheula'

heheuey deudeuh
 
 
 
---------------------------------------
Ujang Kemod
Adios Amigos Permios
--------------------------------------
----- Original Message -----
Sent: Thursday, June 30, 2005 1:40 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Adegan film Indonesia 'Jaman Baheula'

Beu nepi ka nyeri kulit beuteung, teu kuat seuri maca Kang Waluya nu wareg seep 6 x nuang satria bergitar.


waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ha...ha...ha.... aya kurajin eta mah batur, mani kumplit kitu. Ari
inget film indonesia sok inget pangalaman kuring naek beus ti Padang
ka Muarabungo baheula di taun 1980'an. Harita mah lamun rek ka
Muarabungo leuwih gampang ti Padang batan ti Jambi da jalan Jambi -
Muarabungo acan nyambung. Indit teh sosorangan we, teu jeung batur,
da ari babaturan mah geus ti heula ka Muarabungona teh.

========teuk-teuk============= 
 Meunang dua poe, kuring di Muarabongo, terus balik deui ka Padang
kana beus deui, perjalananana peuting da mangkatna ti Muarabungo jam
8 peuting. Waktu geus diuk dijero beus, rarat-reret, cilaka beus na
teh sarua jeung nu kamari nu mawa kuring ka Muarabungo, aya TVna aya
Videona, jeung aya cassetena nu merkna "Satria Bergitar". Kapaksa
kuring lalajo "Satria Bergitar" meunang tilu kali deui. Lalajo Oma
Irama jadi satria dina beus perjalanan peuting, kacida nyiksana,
disarekeun teu bisa, da speakerna tarik pisan, kapaksa beunta
sapeupeuting. Turun di Padang, aya nu ngajemput, terus nanya, kumaha
resep ka Muarabungo teh?

Resep, ceuk kuring teh, kuring khatam genep kali lalajo Oma Irama
jadi satria!

Baktos,
WALUYA 
=============teuk-teuk================= 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke